Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/44

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
35
 
072. Den Lalana ngawalonan, ka ibuna bari nyuuh nyegruk nangis, duh ibu abdi mah ampun , teu disangka kadar awak, tutulisan paparin Gusti Yang Agung, kutan kieu karasana, ari jalmi anu laip.
073. Saumur nandang nalangsa, nadah sedih ngan ririwit ku kanyeri, tuluy keneh rodek hulu, ti batan cacad awak mah, beuki nyeri nadah panghina ti sepuh, buktina ama teu nyaah, abdi mah diapilain.
074. Sagala rupi kahayang, teu laksana kalah siga beuki ijid, abong kena goreng patut, teu sapartos ka Barahma, sagala ge mung kangge puputon wungkul, da abdi mah anak saha, mana dibedakeun teuing.
075. lbuna sanajan sabar, hanteu kiat nguping murangkalih, manahna katarik ngangluh, munggah cipruk sirah putra, dihujannan cipanon nalangsa kalbu, ngenes taya keur bandingna, ngusapan bari ngalahir.
076. Duh anak ibu sing pasrah, sing tarima kana kudrat sukma jati, manusa mah hamo unggul, aing alih nu kawasa, nga saratna kudu teguhsabar jujur, nampi papasten ajeun Na, sing percaya serta tohid.
077. lbu oge katempuhan, hate asa digerihan make hinis, ngingatkeun ka kadar agus, tapi dalah dikumaha, da papasten tutulisan ti Lohmahpud, ngan taya deui jalan na, ibu amanat saeutik.
078. Ti wates ayeuna Agan, masing eling ulah hayang bareng deui, jeung ahli anu takabur sabab mun dideukeutan, geus pinasti nyerina leuwih ti kitu, tangtu leuwih ti ayeuna, anti pitulung ti Gusti.


Pupuh Kinanti

079. Nu ngangluh hanteu dicatur, dipapaler siang wengi, dinasehat ku ibuna, Den Lalana eunggeus lali, ku panghina saderekna, geus hanteu diemut deui.