Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/43

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
34
 
063. Raden Lalana ngalenyap, nguping saur ramana ku matak nyeri, abong kanu goreng patut, estu dibeda-beda, hate sedih tugenah kaliwat langkung, ti batan nandang nalangsa, luas rek ngahuang diri.
064. Teu siga ka Den Barahma, dipiasih ku rama dipusti-pusti, salamina mung diugung, Lalana nangis nalangsa, ngangres ngenes jadi jalma goreng patut, ku ramana di carekan, ku batur ta ya pangaji.
065. Rampohpoy angkat ka latar, melas-melis sasambat lebeting galih, bari dina tembok nyuuh, harianeun kangjeng rama, boro bae ama teh ratu linuhung, kocap adil palamantra, ka abdi mah nganyen yeri.
066. Sihoreng teh ari dunya, hanteu langgeng kawasna ganti ganti, teu sapertos robul gapur, duh gusti nu murbengrat, pasrah sadrah abdi nyanggakeun nya umur, hirup ge taya gunana, loba kanyeri kapeurih.
067. Waktu Lalana sasambat, kabeneran Den Brahma ka dinya sumping, nyampeurkeun bari ngadawuh, ku naon maneh Lalana, make ceurik na tembok bari nyuuh, ngawaloh Raden Lalana, duh engkang dulur sim abdi.
068. Abdi banget panasaran, hoyong ningal manuk alus tadi, mung kangjeng rama teu rujuk, sauma kangge engkang bisi leupas tinangtos abdi digantung, duh engkang abdi tulungan, mugi diparin ningali.
069. Raden Barahma pok nyentak, kurang ajar sia make wani-wani, nyebut engkang ngaku dulur, aing teu sudi pisan, da seia mah umat goreng patut, da sia lain jalma, sia lain dulur aing.
070. Beuki ngenes Den Lalana , nguping saur Den Barahma ngahina teuing, awak lesu nguyung alum, lajeng angkat ti dinya, sajalan teu weleh nangis sumengruk, nalangsa ku kadar awak, nampi takdir Yang Widi.
071. Barang dongkap ka ibuna, jol dirontok ku ibuna bari nangis, aduh Agan putra ibu, puputon jimat ningwang, na ku naon unggal datang ngadon nyegruk, bet taya pisan beragna, cing atuh ku naon deui.