Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
33
 
upas gancangna miunjak, Agan disaur ku rama, mangga enggal rama kenging manuk alus, enggal lumpat Den Barahmak, Lalana nya kitu deui.
055. Teu kacatur di jalanna, kakocapkeun geus darongkap murangkaih, ku rama lajeng dirawu, Den Barahma dicandak, Den Lalana teu di leret teu dirawu, bet pilih kasih ka putra, nu awon kaluli-luli.
056. Teu ditaros taros acan, ngan Barahma nu di ugung liwat saking, kawantu rupuna mulus, ngandika ieu ujang, geura mama meunang manuk alus langkung, tub ayeuna dikurungan, beunang newak uwa patih.
057. Ku Barahma ditingalan, ama eta naon manuk alus teuing, ramana lajeng ngadawuh, duka asep ngaranna mah, ama age hanteu terang ngaranna manuk, eta manuk teh nembalan, kuring ngaran manuk Nori.
058. Langkung bingah manah raja, nguping manuk bisa ngomong kawas jalmi, harita kebat ngadawuh, he manuk anyar, naon maneh kahakanan keur di gunung, manuk ka ratu ngajawab, anu di dahar ku kuring.
059. Nu matuh mah hanteu loba, geus maranti kahakanan awak kuring, isuk-isuk kulub jantung, dibungkusan daun laja, kangjeng ratu heran barang ngadang, he upas maneh pek ngala, daun laja nu beresih.
060. Serta jantung kudu meunang, keur parabna nya eta ieu manuk Nori, eek manuk bodo kalngkung, boro bae pangkat raja, teu harti di bere sindir sakitu, siga mah da lain enya, sihoreng teh kieu geuning.
061. Kuring neang anak raja, anu meunang nenung estu moal tali, aya laja sindir wungkul, jantung tenung nyatana, beu cilaka tanwande wirang na wuku, engke di ahir kasorang, geus tangtu bakal pinanggih.
062. Kacaturkeun Den Lalana, seug unjukan ka rama neda perrnisi, hotong ningal rupa manuk, namung teu widian, saur ratu maneh mah montong culangung, lain manuk enkeur sia, bagean Brahma Raspati.