Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/41

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
32
 
dugi ka harita jonghok hiji ge hanteu kalarung, ibuna gogodeg nguping, teu sangka kitu peta, wekasan ngadawuh, keun bae Agan sing sabar, tong kapalang, pasrah ka Gusti Yang Widi, keunna keur saanjeunna.
048. Tunda heula anu runtik galih, kacaturkeun setan tadi tea, anu nenung waktos bobot, sumeredet jeung ngaranjug, inget nenung putra gusti, harita hayang neang, panasaran tangtu, ku rupa nu ditenungna, siga naon, naha kasep naha geulis , setan geus sa lin rupa.
049. Harita ge jadi manuk Nori, ules alus nu matak kagiwang, buluna lir sutra hejo sukuna emas ngagebur pamatukna nya kitu duei, tuluy moro paseban, meneran kumpul, manuk euntreup kana meja pada kaget, sadaya anu ningali, dikepung ku sadaya.
050. Henteu beunang dirontok ku mantri, lila pisan manuk pipindahan, sadayana pada kaget, tapi henteu hiber jauh ngapungna teh bet lindeuk japati, den patih tuluy dangdan rikat, tuluy nubruk, manukna lindeuk kacida , enggeus kenging ku raden patih kasangking, mungkur angkatna gancang.


Pupuh Pangkur

051. Lajeng ngadeuheus ka raja, hanteu Jami den patih lebat sumping, dongkap ka payuneun ratu, sang raja kaget pisan, ningal patih mawa manuk alus semu, tuluy ka petih mariksa, manuk naon alus teuing .
052. Patih nyemban jeung unjukan, henteu terang namina mah abdi gusti , ditewakna di kadatun, waktos nuju kempelan, ku sadaya ieu manuk dikarepung, namung weleh hanteu beunang, milikna ku jisim abdi.
053. Disanggakeun ku Den Patya, kangjeng gusti nampi manuk bingah galih, ka upas nimbalan rusuh, upas saur Raden Barahma, pek bejakeun kami meunang manuk alus, upas leumpang gagancangan, di alun-alun kapanggih.
054. Nuju amengan tiluan, Den Barahma Lalana Cendala ngiring,