Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
31
 
numawi ama teu nyaah, tara nguping, ibuna kumejot galih, kasuat ku putrana.
040. Putra ibu aduh deudeuh teuing, megeus ulah pati dipikiran, keun bae dihina oge, sing sabar bae agus, nampi kersaning Yang Sukma, gusti mah sipat adil, ngaganjar ngahukum, nu ngamurka ngawisesa, sing percaya, saha anu teguh ati, tan wande meunang mulya.
041. lbuna ngahujanan citangis, atuh saha pijalmaeunana, nu ka putra hanteu abot, salapan bulan dikandung, hese namung tetep mikanyaah, mikaasih, abotna kaliwat saking, puguh hiji-hijina.
042. Kacaturkeun dina hiji wanci, Den Barahma sareng Den Lalana, ka pasar amengan nongton urang pasar galujrud, barang ninggal putra raja, kaget kaliwat saking, ningal bedegul, boa lain putra raja, Den Barahma, ti pasar ninggalkeun ngacir, ngantunkeun Den Lalana.
043. Ki Cendala teu ngadangu tadi, jalma-jalma sami ngupat Agan, Den Lalana jalmi awon, walon Den Barahma puguh, mana embung bareng ulin, dipiluan ku si eta, barang keur sumaur, karasa ku Den Lalana, dongkapna teh gasik-gasik teuing, tapi barang jol dongkap.
044. Dipapagkeun ku batu karikil, diperekpek meneran tarang, getihna ge ucar-acer, Den Lalana ngudupung, nu dosana tuluy ngacir, barang jol ge ka latar, ku ratu diburu, dipangkon langkung nyaah, Den Barahma, unjukan dibarung nangis, ama abdi teu suka.
045. Gaduh dulur si Lalana jurig, jalmi-jalmi ka abdi moyokan, di pasar guguyon rame, abdi isin kalangkung, najan kasep duluma jurig, mani teu dihargaan, najan terah ratu, hemeng galih Kangjeng Raja, najan awon, da puguh anak pribadi, naon leungit komara.
046. Tunda heula anu eukeur istori, Den Lalana harita geus gugah mulih ka ibuna kaget, ibuna reuwas kalangkung, barang ningal pinuh ku getih diboro diusapan, tarangna teratu, na kunaon ieu Agan mani raca, tarang baloboran getih, Den Lalana balaka.
047. Teru terang ka ibuna pupulih, ti kawitan amengan ka pasar,