Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/39

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
30
 
panyangka kana goongna, nu kata kol, ngagurubug lilir, nayaga sami gundam.
033. Kacaturkeun pesta lastari, opat puluh dinten geus laksana, rehe cobrek di babancong, tilas tadina ngaguruh, kakarenna mung tiis jempling, namung tetep santosa, aman sepi kecu, sanajan teu aya ronda, tina mabok, kapaksa sasare jempling, ingkar tina kawajiban.
034. Kakocapkeun eta murangkalih, wuwuh lami wuwuh ngageungan, diiring demang kaliwon, diasuh ku menak wungkul, anu matuh panakawan, nelah Cendala nami, ngiring ka Den Bagus, murangkalih, estuning layeut pisan .
035. Namung ratu rada mindel galih, reha ningal putra dan Lalana, rupina kalangkung awon, kirang dipangku dirawu, mung Barahma nu di asih, saban dinten ditimang, ku rama diugung, Lalana teu di rosea, sakapueng mah, sok rada diapilaian, tara pisan mariksa.
036. Rada ningnang terahing narapti, pamor surem teu aya cahyaan, kulit hideung semu hejo, lir redak putra jin, sepi terahing bopati, henteu miasih ramana, pedah putra kitu, sarta dina waktu tuang, tara sareng, dipisahkeun rada tebih, hareng jeung Ki Cendala.
037. Den Lalana sakapeung sok nangis, tina margi nalangsa manahna, boga rupa hanetu parok, hanteu sarua jeung hatur, ka ibu sering unjukan, ibuna nalangsa galih, ningal putra ngangluh, ku ibuna diparksa, aduh kasep putra ibu buah ati naha kunaon Agan.
038. Den Lalana sumungkem jeung nangis, ku ibuna raden diusapan, bari hanteu weleh nyombo, den putra unjuk hatur, kaulanun mugi kersa, ibu sing paos tingali, abdi putra ibu, aneh ku kangjeng rama, ka abdi mah, benten hanteu mikaasih, benten sareng ka Barahma.
039. Tuang ge jeung pangiring, saalasna sareng panakawan ampun abdi sanes heroy, Barahma mah diugung-ugung, abong kena kasep campemik, kulit hejo cacarulang, abdi mah beleg diu,