Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/38

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
29
 
026. He patih kudu sadia, kaolahan wama-wami, kelun kabeh tatabeuhan ulah aya anukari, kumpukeun sing sayagi, bederet di alun-alun, kula maksud salametan, patih ngawalon sayagi, jisim abdi parantos sasadiaan.
027. Enggal tarapti keur pesta, buburonan wargi-wargi, bareres korsi jeung meja, kacaturkeun dina wengi, kumpul pangkal ngabaris, dina korsi meres diuk, sora degung panghormatan, sulingna semu ngalengis, ngiring sedih reh ratu rada tunggara.
028. Ger pesta balakecrakan, sora sinden narik resmi, dibarung barangtuang, sawareh mah anu ngibing, nu nopeng nu serimpi, aya loge anu nayub, para menak sukan-sukan, ngiring bingah Kangjeng Gusti, Kangjeng Raja ngadeg bade biantara.
029. He sadaya menak-menak, jeung sakabeh abdi-abdi, ayeuna kula saksian, rek ngalungsur waris nami, ka anak ti anu sepuh, nya ti Sariratna, ti ayeuna masing harti, sing tumuluy nelah Raden Jayabrahma.
030. Ger surak rame kacida, sorang asa kaindit, ngaguruh sora gamelan, Sang Ratu ngadawuh deui, sorana semu rintih, he kabeh mangka maralum, nu hiji anak kaula, nu ti Dewi Wulansari, sing katelah namina Jayalalana.
031. Ger surak ambal-ambalan, nguping dawuhan Jeng Gusti, saday a sami nyaksian , menak kuring bingah galih, wasta na murangkalih, sadaya sami jumungjung, lambat-lambat nu nampina , sing tumeras adil wening, abdi-abdi sing narampi mamanisna.


Pupuh Dangdanggula

032. Nu maranis dangdan pesta ngiring, sukan-sukan opat puluh dingna, beurang peuting hanteu towong, nayaga sami tarunduh, tina kesel lami teuing, loba nu kasalahan salah nakol hulu,