Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/37

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
28
 
metakeun jampe nu luhung, Gan Putri diparancahan, teu lami Gan Putri lilir, setan panas nu aya di patuangan.
018. Rajah pamunah ngaheab, asa direrab ku jin, ti patuangan ka luar, tuluy kabur ka wiati, kocap ayeuna Putri, harita keneh ge emut, damang teu sakara-kara, Kangjeng Gusti bingah galih, he paraji ayeuna kula saksian.
019. Lantaran Gan Putri damang, kami rek ngabagi duit, tapi semet ayana, kudu leuwih ati-ati, ngajaga beurang peuting, nepi ka waktuna ngajuru, omat ulah lalawora, bok bisi katerap duei, para dukun ngawalon hatur sumangga.
020. Dukun paraji walatra, nampi hadiah ti gusti, sadayana suka bungah, atuh beuki ati-ati, ngajaga garwa gusti, siang wengi sami tugur, giliran taya kendatna, tepung minggu bulan ganti, cunduk wuku nu bobot salapan bulan.
021. Dukun ajar geus ngajajar, ma paraji ati-ati, sadaya sasadiaan, panglay koneng cikur deui, nyadiakeun keur bayi, papak popok sareng pupuk, nitih wanci, datang mangsa, bade, babar Agan Putri, ma paraji geus monyong rek mura panglay.
022. Tungtungna mah silih bura, jeung batur pada paraji, calipruk barau panglay, nyambuang lebeting puri, jeng Gusti bulak balik, ka nu anom ka nu sepuh, babarna teh bareng pisan, putrana pameget sami, sesek jejeg pinuh ku anu ngalayad.
023. Sarni nanggeuy baki perak, eusina pangganggo duit, kangjeng raja bingah manah, anu mangkon pilih genti, sawareh heran galih, nyalaur lebeting kalbu, naha ieu putra raja, nu hiji mah beda teuing, rupina teh bosongot badag barongkal.
024. Putra ti tedak kajian, nyeta nu ditenung ku jin, bedana kabina-bina, kasep leungit ngajalitir, kawas bumi jeung langit, rupi murangkalih jauh, tapi taya anu lisan, hemang manah kangjeng gusti suka duka ningali rupi putrana.
025. Suka pedah hasil maksad, diijabah ku Yang Widih, dukana dumeh hanjakal, ninggal putra Wulansari, komona lami-lami, ngageungan beuki badegul, teu pati dipikanyaah, manah raja rada sedih, kebat bae ke raden patih nimbalan.