Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/36

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

27

009. Bakti kanu Maha Suci, hajat ka pakir sadaya, mung keukeuh mo weleh satungtung tacan laksana, enggal nu kapirwarta, ti harita garwa ratu, dimakbul sapanejana.
010. Hanteu lami dua Putri, nuju nyiram salirana leuleus lesu anu bobot, langkung bingah manah raja, dipusti didadama, diasuh ku dukun lepus, ku ajar gunawisesa.
011. Urang gancangkeun digurit, duanana garwa raja, tujuh bulan anu bobot, sang raja kebat nimbalan, ka mantri anu perceka, ngumpulkeun dukun nu lubung, paraji nu bijaksana.
012. Dikelun ka jero nagri , di paseban anggeus hempak, paraji ngajajar beres, di payunan ku sang raja, marando langkung hormat, jejeg aya genep puluh, galindeng ratu ngandika.
013. He kabeh dukun paraji, anjeun kudu ngajaraga, beurang peuting di kaputren, omat ulah pisan elat, jampe make tumbal, tali paranti karuhun, walonna unjuk sumangga.
014. Urang tunda raja Putri, kocapkeun sahiji setan, jin Suruluk ngaranna teh, ahli nenung kaniaya, geus nyaho eun harita, ti mega malang geus turun, moro Putri pang anomna.

Pupuh Sinom


015. Kacatur Neng Sariwulan, sanggeus diasupkeun ku jin, taya tangan pagawasa, tuluy lesu liwat saking, siang wengi mung nagis, sabab ku setan ditenung, jabang bayi salin rupa, nu bakal kasep raspati, geus dilampud ku setan di patuangan.
016. Kauninga ku Sang Raja, ningal garwa gulang guling, nangis teu aya kendatana, sumpeg manah Kangjeng Gusti, ka nu jaga ngalhir, he sakabeh dukun-dukun, maneh kurang ariatna, ngajaga ka Agan Putri, da buktosna teu aya tumbal nu mental.
017. Hayoh geura tarekahan, piraku taya nu matih, dukun paraji rareuwas, ngadangu dawuh jeung gusti, pak pik pek taki-taki,