Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/35

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

26

Raja beserta sebuah isi negeri Centakapuri bersukacita, karena raksasa yang menggangu negerinya telah mati. Kemudian sesuai dengan janji sang raja, Jayalalana dinikahkan putrinya.
2.3 Alih Aksara

Pupuh Asmarandana

001. Karmaran panglipur galih, panghegar panglipur manah, malan mandar janten pareh, nyingkahan lampab nu salah, ingkar tina kasusah, nundung napsu nu teu puguh, kapegat polah panyegah.
002. Tibatan ngalaman eking, mending mukaan dalung, ngahelueng tamba gapong, kurah koreh kana layang, sugan jadi manfaat, rurudet kapegat luput, sumangga hatur lumayan.
003. Bismillah awit ditulis, aya sahji nagara, nagri gede turta rame, nelahan Nagri Cempala, nu ngaheuyeuk nagara, kamashur digjaya punjul, kakasih Jayasumerat.
004. Titih rintih ratu adil, ke somah kalangkung nyaah, ratu keur sumedeng anom, kagungan garwana dua, putri geulis kacida, alus semu lungguh timpuh, teu aya cawadeunana.
005. Ka maru sami rarapaih, tara pisan pancengkadan, mustika wanita tulen, lucu mana sapanjangna, saroleh tur satja, kakasihna anu sepuh, kamashurna Sariratna.
006. Nu anom Neng Wulansari, tedak hing terah kajinan, teureuh hu nyepeng kadaton, papaku Nagri Cempala, kocap sahiji mangsa, ratu ka garwa ngadawuh, dibarung miri cisoca.
007. Duh dunungaan anu geulis, nyawa engkang salamina, akang keukeuh dina hate, tetep hayang boga anak, nu kasep tur digjaya, garwana ngawalon imut, abdi ge nya kitu pisan.
008. Abdi mun tang siang wengi, neda-neda ka Pangeran, sok hoyong geura kalakon, sakapeung abdi ka anak, puasa ngisat awak, mugia kadar dikabul, saban Jumaah ge nadar.