Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/80

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

71

  1. Geus kaluar tina medan, pada mulang ngaso heula ngadu jurit, di pasanggrahan geus kumpul, ngajajar pangkat-pangkat, tararung saruka mani ngaguruh, lubak-lubik lauk loba, daging sapi daging munding.
  2. Sumawona bangsa inumeun, wama-wama anggur ngopi jeung harengi, soldah arak jeung limun, peutingna tuluy nayuban, nu ngaribing sawareh nepi ka isuk, kocapkeun bae geus terang, dangdan deui palajurit.
  3. Tambuma geus ngabarangbangan, tarompetna geus disada melas-melis, Raja Tanjungpuri maju, ka medan nyungkelang ladrang, kitu deui Raja Tanjungpuri maju, di medan adu hareupan, prajurit ger surak tarik.
  4. Mimitina silih gada, ting jalegur sorana bawaning tarik, diperekpek batu tunjung, gebut niba kapiuhan, hanteu lami geus ngorejat deui nangtung, bari gancang ngangkat gada, neunggeul Raja Tanjungpuri.
  5. Raja Tanjung tuluy niba, kokosodan di lemah hanteu eling, nu surak mani ngaguruh, kadenge ambal-ambalan, topina dialung-alung nu nongton saruka bungah, anu asor pili genti.
  6. Tunda heula nu keur perang, kacarita ayeuna malikan deui, Den Lalana nu kacatur, anu nuju leuleumpangan, kacarios eyangna pandita wiku, megat payuneun Lalana, ngagebeg raden Raspati.
  7. Den Lalana lajeng nyembah, ngeluk tungkul calik bari semu ajrih, nyium kana dampal wiku, sang bangawan bingah manah, ningal putu sakitu hormat ka sepuh, he Agan Eyang rek nitah, ka raden rek meripati.
  8. Rehna aya nu perang, adi lanceuk ayeuna keur perang tanding, taya nu eleh nu unggul, Tanjungpuri Tanjungpura, keur garelut jeung dulur kawas nu burung, ku Raden teh kudu pisah, duanana anak aki.
  9. Raden mah ka pemah ua eta kitu panca kakina sidik, nu matak kudu ditulung, sabab mo aya nu meunang, saruana nu gagah lawan nu wduk, najan sataun lilana, moat aya anu mati.