Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/81

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

72

  1. Den Lalana lajeng nyembah, abdi ngiring kana dawuh eyang resi, ilang musnah maha wiku, nyandak ali Den Lalana, nu kapungkur wasiat pasihan ibu, sakedap netra jol datang, ngadeg dua papatih jin.
  2. Dua patih geus munjungan, dihaturan bari nyaur nembe sumping, naha Jami hanteu nyaur, pun emang kesel pisan, ngantos-ngantos dawuban ti Raden bagus, naon margi nyaur emang, na aya karepot deui.
  3. Den Lalana ngawalon, leres pisan aya karerepet deui, dipiwarang maba wiku, ku eyang ti patapaan, jisim abdi nyuhunkeun pakean alus, arek ngajajah nagara, jawab jin agan sayagi.
  4. Teu lami panganggo aya, harita ge ditampi ku Den Raspati, patih jin harita suwung, catur Raden Lalana, harita ge salin panganggo nu mancur, panganggo kasatriaan, diraksukan gilang kuning.
  5. Kancing emas dua jajar, ditaretes ku inten sareng biduri, bendo buleud langkung lucu, sinjang songket ting burinyay, Den Lalana estuning kasep pinunjul, sanes toeleun nyi randa, anu sok ngaranggo poni.
  6. Den Lalana nedal lemab, biur mubul ka awang-awang, nyiripit, kaungkulan gunung-gunung, ngambab bing madia ganta, geus ngalayang dina luhur mega paul, angkat gandang ngadaleungdang, taya karempan nu ginding.
  7. Kumelab panganggo mubyar, tingburinyay sorotna katebak angin, katingalna burung mancur, nyepeng bendo diraramat, milih anjeun Den Lalana matak lucu, lir putra banjar patroma, kewes pantes bing wiati.
  8. Harita enggeus ngungkulan, lapat-lapat naga geus katingali, Rahaden nyawang ti luhur, riam loba jalma-jalma, sarta teges kakuping sora ngaguruh, nu angkat nyeot ka bandap, sumiriwik kadya walil.
  9. Barang beh ningal nu perang, rap Rahaden nganggo ali les ngaleungit, sakedapp netra geus turun, di payuneun nu perang, teu