Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/82

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

73

katawis kurai anu keur pupuh, jongjon bae silih gada, den putra geus laki-taki.
  1. Tuluh direbut gadana, ngadak-ngadak gada leungit tampa leuwih, atuh olohok nu gaduh, rehna hanteu kanyahoan, hanteu, kapok tuluy pada nyabut duhung, barang breh kerisna musna, ngan gadana nu dicangking.
  2. Raja tuluy maut pedang, barang heat pedangna leungit deui, arolohok dua ratu, pakarang jimatna musna, teu kaharti heraneun kaliwat langkung, gogodeg geus samar polah, andelanana geus leungit.
  3. Tungtungna maha silih dupak, silih jambak silih sered jeung tampiling, tapi hanteu daek maju, nyeredna teh hanteu kebat, sabab beurat teu beda nyenyered gunung, dua raja pada heran, beurat beda ti sasari.
  4. Keur ngitung-ngitung bangka piarsa, asa sora tatapi teu katingali, sidik sadaya di payun, he perang kudu eureunan, mangke heula ua ulah gurung gusuh, jeung dulur teu meunang perang, basana oge pamali.
  5. Aduh mah wungkul utusan, embah dawuh eyang ti gunung candani, nu ayeuna jadi wiku, karek sakitu soara, nu keur perang eureun bari tuluy diuk, reh nguping nami ramana, kaget salebeting galih.
  6. Wekasan tuluy ngandika, he sora naha saha menta bukti, mun jalma ti mana lembur, banjar karang panglayungan, lamun setan kaditu indit, sing jauh, ulah ngagokan nu perang, menta jawab anu yakin.
  7. Uwa pami can uninga, sayaktosna ieu abdi sanes jurig, satuhu rama nu saestu, malahmah suan uwa, teges pisan ka pun biang kapan dulur, abdi adak sawulan, wedalan Cempala Nagri.
  8. Harita katembong jentul, teu tata dua raja, barang tembong Jayalalana dirangkul, ku dua ditangisan, duh raden bagea sumping.