Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/83

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

74

  1. Teu sangka kabina-bina, horeng Raden putra rayi Wulansari, uwa teu ngarti sarambut, panyana teu boga anak, taya beja ka dieu mah ti kapungkur, sarosonoan tiluan, amarahna enggeus leungit.
  2. Napsu tilem timbul bingah, sarta emut jeung dulur mah sing ngahiji, ti medan tiluan mundur, marulang ka pasanggrahan, dua ratu sabalad-balad ngadawuh, he sakabeh waja balad, maneh ayeuna baralik.
  3. Ger surak wadia balad, suka bungah reh perang geus lastari, galecok jeung pada batur, kieu omong nu saurang, aduh untung kami rek paeh teu tulus, mangkaning tas jujuanyar, malikan ka tilu kali.
  4. Cek baturna puguh pisan, kula oge kapan anyar keneh kawin, meunangkeun nu tas ngajuru, bongan hayang boga anak, bet ngarasa eta enggeus taun-taun, cacah jiwa ti tentara, bet ngasupkeun jiwa ucing.
  5. Kacaturkuen Jayalalana, harita ge ngiring ka Tunjung Nagari, nu ngiring ponggawa ngabrul, di jalan salusurakan kadatun teu lami parantos rawuh, lajeng lumebet, sadaya caralik na korsi gading.
  6. Geus sor pamasangan tuang, jagjag jaga meja ngaladenan pabuis, di lebet mani ngaguruh, ratu teu weleh mariksa, ka rahaden sonona kaliwat langkung, mariksakeun tikawitna, pangna nilarkeun nagari.
  7. Dicarios ku den putra, ti kawitna dugi kaharita sumping, hiji taya nu kalangkung, gogodeg manah raj a, sareng bendu nguping ratu luas kitu, bet pilih kasih ka anak, tilar ti adat bopati.
  8. Wekasan lajeng ngandika, lamun kitu raden mah di dieu calik malah kedah jadi ratu, uwa teh bet watir pisan, nyaah teuing ku ramah teh dipisatru, taya ras-rasan kacida, omat raden ulah mulih.
  9. Den Lalana ngawalonan, hatur nuhun sanes nampik kapangasih, mung abdi teu acan wantun, margi tacan aya luang, ratu Tun-