Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/84

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

75

jung Puri milu deui nyaur, mun di dieu hanteu kersa, atuh di Tanjung Nagara.
  1. Saur raja Tunjung Pura, eta sae nanging akang anu rugi, den Lalana nyaur imut, ke uwa tong parasea, kapan nembe abdi parantos mihatur, ayeuna mah kieu geura, bade naros anak sidik.
  2. Naon kawit uwa perang, sareng wargi tangtos aya pasal tadi, duwa ratu diunjuk, ti kawit pangantenan tug dugi kajadian perang pupuh, nya eta pasalna pesta, putra-putri hanteu rapih.
  3. Cing Raden kuma petana, uwa tuluy supaya panganten rapih, walon Raden sanes dukun, abdi mah hanteu tiasa, namung cobi para-putra kedah saur, manawi aya tumbalna, kebat mareuntas jeng gusti.
  4. Anu nyusul Aryakanta, hiji deui nyusulan ka Agan Putri, enggal parantos rawuh, sami marunjung ka rama, Aryakanta ditepangkeun ku sang ratu, kapirayi ka Lalana, sami munjung raka rayi.
  5. Kakocapkeun Gan Putri tea, barang ningal ka Den Lalana raspati, manahna mani dag-dig-dug, ngucap salebeting manah, aduh tobat ieu mah kasep jeung lucu, ka din ya mah moal nolak, sugan bae jadi ganti.
  6. Ditukeuran ku ieu mah, sukalilah dikumaha moal mungkir, sanajan ka alakpaul, carek wiwilanganana, moal baha teu siga ka jalma itu, Aryakanta matak cua, teu uyuhan matak ijid.
  7. Tab kitu lebet manahna, Agan Putri lir katarik purasani, ningal Raden matak lucu, galindeng ratu ngandika, leleb manis, sumaur dibarung imut, geulis bisi tacan terang, ka dieu perenah adi.
  8. Empek ulah asa-asa, sabab dulur saenyana anak bibi, ti Nagri Cempala ratu, Raden ka Putri munjungan, sanggeus kitu dipelong ku Raden Sunu, Putri mah mani latlatan, ningal soca anu manis.
  9. Surser hareudang bayeungyang, puyeng rada panas tiris jeung kataji, ngalenyap manah gegetun, bari nyaur dumareuda, aduh rayi sugan teh moal patepung, ngan bae rada hanjakal elat teuing pancakaki.