Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/85

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

76

  1. Teu nyana boga baraya, anu kitu puputon Cempala Nagri, mun terang mah tikapungkur, aceuk ka ditu ngahaja, ngadon ulin milari boneka hirup, nembean aya boneka, ati aceuk lir digerih.
  2. Den Lalana geus waspada, nganggo ali jimat anu langkung wacis, ka uwana lajeng nyaur, mangga geura ieu uwa, geura anggo ali abdi ngarah maphum, rap dianggo ku sang raja, barang ret ka putri.
  3. Ngagebeg kaget kadda, rehna putri kabingahna enggeus salin, lir upama rupa diu, andihi buukna gimbal, atuh kaget ngabirigidig, sang ratu, istigpar jeung ngusap raray, lelepen dibikeun deui.
  4. Duh Raden geuning paingan, hanteu nyana bopeng sinalingan kelir, sumangga nyanggakeun atuh, Den Lalana nyandak jimat, panah luhung bari mundur mentang rusuh, Putri keuna kapidara, nu ngandihna tuluy bijil.
  5. Putri teh kaandih setan, nu miceuceup miijid ka anu sud, ka rob anu teu puguh, karesepna mawa sasar, sangakan hirup di dunya jadi kasarung, calon pibatureunana, mun lawas mawa balai.
  6. Nu ngandihna rupa setan, bisa wujud Putri harita geus bijil, kabawa jamparing mangprung, kumaleang di angkasa, tuluy mabur lagrag satengahing laut, jamparingna enggeus mulang, ka Raden geus balik deui.
  7. Kacaturkeun nu kapidara, Agan Putri harita geus emut deui lilir karana nyaur, nangis bari midangdam, aduh ama abdi lalesu kalangkung, taya tangan pangawasa, ngeleper siga kabadi.
  8. Anu ningal sami heran, Agan Putri anu keuna ku jamparing, taya tapakna sarambut, malah beuki cahayaan, Den Lalana ka Aryakanta ngadawuh, sumangga nyangakeun kakang, ayeuna aceuk mo ijid.
  9. Margi panyawatna musnah, nu miijid sayaktosna setan, Putri mung setan anu sumurup, Aryakanta ngadeukeutan, bari nyaur ka Putri kumaha Enung, naha ayeuna tos damang, Putri ngawalonan tadim.