Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/86

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

77

  1. Duh engkang jungjunan ningwang, jisim abdi mugi neda pasihan sami, kalepatan nu kapungkur, nyanggakeun sadaya-sadaya, nu ngadangu sadayana bingah kalbu, reh Putri parantos damang, nyuuh ka caroge nangis.
  2. Asal cua jadi cinta, asal ngewa ayeuna babalik pikir, galih pulih sakapungkur, dua ratu sami bingah, sasalaman rayi raka sami imut, kayungyun ningali putra, nu manis parantos rapih.

Pupuh Dangdanggula

  1. Ratu Pura rawuh Raja Puri, harita teh sami bingah manah, dipaksa Rahaden Anom, dijenengkeun jadi ratu, Rahaden geus teu meunang mungkir, basana mulang tarima, nya kapaksa nurut, Ratu Anom Tunjung Pura ngageledug, ciciren parantos muni, tangara pangangkatan.
  2. Abdi-abdi bungih, liwat saking, boga ratu sakitu lucuna, keur kasep sakti tur anom, nu surak mani ngaguruh, bari ngalung-ngalung topi, geus tetep Jayalalana, di Tunjung ngaratu, ku uwa didama-dama, di kaputren dikemitan siang wengi, giliran nu ngajaga.
  3. Hiji mangsa sang ratu ngalahir, bok bilih Raden hoyong garwaan, milih ka putra anu denok, nu kamashur putra ratu, keun uwa ngalamar pasti, mo beak sarebu laksa, gedong uwa pinuh, Den Lalana ngawalonan aduh uwa, tacan maksad jisim abdi, resep mun lelengohan.
  4. Den Lalana jeneng Kabopati, lamina teh aya dua bulan, sareng mikir anu anom, hayang leos deui ngapruk, kocap dina hiji wengi, dikira pukul sabelas, Raden dangdan segut, nu ngajaga disirepan, jempe kabeh sahiji taya nu nyaring, anjing ge mani gempar.
  5. Tina sabab biasa saari, pukul lima gusti geus ka luar, teras ka masigit bae, ayeuna pukul sapuluh, naha taya bae bijil, nu jaraga tuluy lumpat, ka ratu miunjuk, ku ratu sepuh ditanya aya naon, maneh siga anu gasik, nu jaga cedok nyembah.