Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/87

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

78

  1. Kaula nun mugia tingali, rehna gusti anom henteu aya, kawitna anu parantos, dina tabuh lima lungsur, dinten ieu teu ningali, midanget sang ratu reuwas, harita ge lungsur, teras lebet ka kaputren, dipilari di gedong parantos sepi, weleh henteu kapendak.
  2. Na kamana atuh Den Rasparati, kebat ratu harita nimbalan, upas saur patih lenges teu lami den patih rawuh, sang raut marentah gasik, he patih geuwat ayeuna, anak kami susul, teu nyaho ka mana losna, sugan aya, pek susul ka Tanjung Puri, sing taliti di jalan.
  3. Tatanyakeun ka rayat nagari, sugan aya di dinya nu terang, pek patih ayeuna mios, patih nyembah kebat mundur, mungkir ti payuneun gusti, ngebatkeun paparentahan, geus sadinya kumpul, bral ariang sadayana, nu dijugjung ka nagara Tanjung Puri, naros Den Lalana.
  4. Hanteu kocap di jalana den patih, kacarios ka Tunjung geus dongkap, lajeng ngadeuheusan bae, ka tinggali ku sang ratu, kaget mariksa ka patih, aya naon Den Patya, semu anu rusuh, Raden ngawalon jisim abdi, naroskeun putra jeng gusti, Raden kondur teu aya.

Pupuh Durman

  1. Saur ratu teu aya di dieu Patya, kumaha nu matak leungit, ngelolos ti nagara, kacida pisan heranna, nyaah teuing Den Raspati, geus teangan ku patih kudu kapanggih.
  2. Nyembah pamit raden patih tuluy mulang, geus dongkap unjukan gasik, putra teh teu pendak, di rayi ge hanteu aya, ditaroskeun ku jisim abdi, bosen neangan, nyanggakeun bebendu gusti.
  3. Ti harita uwa Rahadeb Lalana, kaedanan raka rayi, tibelet ku jasa, anu sakitu nulungna, kari-kari jadi leungit ayeuna tunda, kocap deui Den Raspati.