Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/88

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

79

  1. Harita Raden Lalana leuleuweungan, mipir-mipir sisi pasir, nyacat di bubulak, turun nyorang lebak, enggeus tebih ti nagari, mangbulan-bulan anjog ka Tunjungbang Nagari.
  2. Raden Anom ka luar ti jero alas, geus nyorang ka pinggir nagri, ngamprak di tegalan, seung manggihan urut huma, sarta aya saung leutik, ngarereb heula, reureuh palay lajeng calik.
  3. Henteu lila tuluy daratang barudak, budak tukang ngangon munding, arek ngiuhan, manehna kageteun pisan, naha ieu aya jalmi, kitu rupana, henteu cara urang geuning.
  4. Ditenjona siga hejo siga bodas, saliwat mah siga kuning, jalma naon eta, boa-boa meureun setan, mun jalmi mo kitu teuiog, bet kawenehan, barudak ngomong ngecewis.
  5. Barudak teh digupay ku Den Lalana, harita nyampeurkeun gasik, datang bari nan ya, duh naon akang nyalukan, jawab Raden mere duit, matak nyalukan, saur Raden bari seuri.
  6. Eta budak dibagi diut geus rata, ngariung dariuk seuri, Raden guguyonan, horeng padusunan, harita ngaromong deui, basana kasar, uing tukang ngangon munding.
  7. Raden Lalana gumujeng nganggap barudak, kakara saumur nguping, maneh budak mana, barudak bareng ngajawab, tuh di ditu lembur uing, lembur Padesan, na can nyaho akang uing.
  8. Saur Raden jauh keneh ka nagara, barudak narembal seuri, puguh kang jauh mah, akang uing montong ha yang, rea anu matak risi, saung-saung ge lumpat, digusur ku kuda tarik.
  9. Ampir bae uing bareto jeung bapa, kadupak gorolong barik, wantu budak huma, can nyaho kikping kareta. Raden Lalana ngalahir, lembur nu mana, ti dieu nu hanteu tebih.
  10. Walon budak alah itu geuing ngelat, geus ka jero pucuk awi, teh eta padesan, Den Lalana ngadeng angkat, jeung hartina saung leutik, ninggalkeun budak, di jalan tuluy papangih.