Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/89

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

80

  1. Jeung sahiji jalma nu leumpang di jalan, tembangna geus aki-aki, ku Raden digupay, geus nyapeurkeun aki-aki tea, Raden naros aeh aki, kaula nanya, reh hayang rereb sapeuting.
  2. Sugan aya di dieu keur pamondokan, ngawalonan aki-aki, aya oge saung aki, ku alit pisan, mangga pami keur salinggih.
  3. Saur Raden keun bae soal leutik mah, cek aki sumangga ngiring, Raden lajeng angkat, geus dongkap ka saung te, aki ngangero ka nini, he nini geuwat, palupuh serbet sing bersih.
  4. Nini ngelapan palupuh gancang, aki jeung nini ngecewis, atuh nini geuwat, naheur cai teh sing asak, nini-nini capa-cipi, taya wadahna, suwung dalung sepi kendi.
  5. Carek aki naha nini maneh Iiwar, dititah teh naheur cai, aya gusti urang, pulang ngaleueut ciasak, naheur dina naon aki, euweuh wadahna, na teu nya ngaran, jeung kasab nu asli, keur dadaharan, sinareng ti mana kawit.
  6. Aki-aki ngawalon bari nyembah, aki Boja jisim abdi, dupi pakasaban, estuning teu gaduh pisan, kawit aki teh pituin, di dieu pisan, satria Anam ngalahir.

Pupuh Sinom

  1. Ti mana aki nya dahar, teu usaha henteu tani, aki Boja ngawalonan, kumaha parengma gusti, upami aya rejeki, yasa dahar kaulanun, upami teu pareng aya, etang ngisat kana diri, malah-malah sakapeung mah hanteu mendak.
  2. Den Lalana welas manah, ninggal warugana aki, iga ragas kawas gambang, enya kitu deui nini, paken ruwang-rawing, sisi leuweung nyaung nyaung, taya sanak taya kadang, matak watir liwat saking, Raden calik taya tempat-tempat acan.
  3. Sumawanna pami samak, ngan aya palupuh hiji, mingkana kajuaran, tamba gular-galer teuing, Raden lajeng ngalahir, aki kaula seastu, di deiu arek bebetah, rek ngaku kolot ka aki, walon aki aduh lingsem teuing Agen.