Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/90

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
81
 
  1. Abdi mah jalmi teu boga, teu keur meuli-meuli, katambih lara masakat,s epi harta tuna harti, Den Anom ngawalon lirih, aki ulah nyaur kitu, keun bae najan teu aya, sarat mah wungkul pipinding, dapon budi sumeah nu matak betah.
  2. Urang engggalkeun carita, Raden di dinya geus cicing, bebenah ngadon bebetah, isuk-isuk beberesih, kasehatan dipamrih, lalenang beunang sasapu, tuluy muru aki Boja, ka Raden baril ngalahir, aduh agan muha ulah kitu peta.
  3. Matak lingsem ka salira sasapu keun bae ku aki, Raden gumu jeng ngandika, keun bae da tamba cicing, keselna liwat saking, hanteu tiasa ngawagu, kitu baw damelna mah, Raden tukang beberesih, kacaturkeun dina hiji mangsa.
  4. Aki nini sarerea, na pukul sapuluh wengi, Den Jaya lajeng ka luar, di buruan ngadeg mikir, lajeng nyandak ali, kana soca geus disusut, sakedap netra jol datang, ngadeg di payun patih jin, duanana ka Raden barina nyembah.
  5. Jin dua bari ngandika, aya naon Agan gusti, numawi nyaur ka emang, mana rusuh-rusuh teuing, ngawalon Den Raspati, kula paman aya perlu, reh di dieu hayang manday, parabotna sing sayagi keur gosali ulah aya kakurangan.
  6. Serta pibatureun dua, keur babantu di gosali, nu bisaeun kana manday, nyembah matur papatih jin, eta mah Agan gambil, enjing oge tangtos jentul, sinareng kangge batur mah, moal hese mun milari, paman bae duaan nu babantu mah.
  7. Harita keneh dicipta, sakedap netra geus bukti, geus aya adegan panday, rupana alus teh teuing, ngahunyud bahan beusi, geus ngajajar bangku-bangku, sadiaan pancalikan, kocap harita geus enjing, Den Lalana jeung dua jin geus prak manday.
  8. Kacaturkeun aki Boja, harita kakara nyaring barang ningal kaget pisan, rarasaan asa ngimpi, gawena alak-ilik, naha aya saung alus, ku Den Anom kauninga, yen aki keur heran pikir, seug ngandika ka aki jeung ngagupayan.
  9. Pek ka dieu aki geuwat, aki boja lumpat tarik, dongkap payuneun Den Putra, saur Raden ieu aki, tah nya ieu gosali,