Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/91

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
82
 
ayeuna mah hayu atuh urang nempa jeung kaula, aki Boja nanya gasik, naha Agan ieu teh saha nu boga.
  1. Ceuk Raden kapan nu urang, beunang nyieun peuting tadi, naha aki teu mantuan, ki Boja olohok nguping, ngomongna di jero ati, Agan pasti terah ratu, nyata rembesing kusumah, samaksud ieu bukti, ngan gogodeg aki Bojana heran.
  2. Raden singkil dilancingan, raksukan kutung purikil, nyekel palu tegep pisan, manday tiluan sareng jin, ki Boja ngacir, barang geus nepi ka saung, aki ka nini nyarekan geuwat-geuwat deuleu nini, itu tenjo pagawean awak urang.
  3. Pek geura belelkeun mata, pagawean aing tadi, mana ulah lalawora, ngaladenan awak aing, teu nyaho kabeh bukti, naon bae nu dimaksud, sakitu deuleu alusna, saung beunang nyieun peuting, nini Boja nonggengan bujurna teurab.
  4. Ulah kalah ku carita, teu ngandel teuing saeutik, bisa ge ti baheula, aki Boja ngejat seuri, geus nepi ka gosali, Raden Lalana sumaur, geus pek aki menta, ku kula aki dibawa, pagawean wungkul aki tukang ngasah.
  5. Rarasaan aki Boja, anu aya di gosali, manehna bae dua jin, imah hanteu katingali, nu nepa langkung rajin, pakarang beunangna alus, puguh lain samanea, pagawean papatih jin, congkrang arit pacul, bedog peso parang.
  6. Pakarang geus pekpek pisan, ngabugbrug, sisi gosali, parang moat matak rompang, aritna moat murilit, pagaweanana limit, nu meuli guyur salembur, ear di desa Padesaan, aya panday kasep teuing, matak gujrud geus jadi buah carita.

Pupuh Magatru

  1. Urang desa gehger kabeh pada sujud, ngabrul awewe,lalaki, itu watek urang kampung, ka saung aki geus nepi, bangsa awewe mah komo.
  2. Sanggues sidik batik deui buru-buru, pakepuk nalaheur cai, ngageduk ngadadak nipung, cuhcih anu nyieun wajit, moroyot nyieun borondong.