Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/92

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
83
 
  1. Sawareh mah aya nu ngadadak nyangu, saaya-aya sayangi, luak-lieuk taya lauk, jig ka pipir alak-ilik, dig dagdug maraok endong.
  2. |Kajeun teuing najin di carek ku incu, da hayang nyorong nu ginding, tuluy disalin pabibut, anu boga baju pusing, tuluy leregan dilorod.
  3. Dibedahan ngadadak nyarieun baju, kajeun enggon ngabuligir, di jalan awewe ngabrul, ting hareureuy ting cikikik, geus pada datang ka kebon.
  4. Pupuntenan ka nini Boja di saung cek nini sumangga nyai, tuluy dariuk ngariung, cek nini rareuwas teuing, rek naraon nu aranom.
  5. Jawaban teh hayang bae, kuring tepung, lawas teu panggih jeung nini, ka nu manday ieu endog.
  6. Nini Boja nonggal tetenong ngaliud, atobna kaliwat saking, kumerot uruy, saumur kakara manggih, nu kokoro manggih kejo.
  7. Aeh nini saha nu manday di ditu, anu keur bareng jeung aki, walon nini kapan incu, geura mangga atuh nyai, bílih butuh ka parabot.
  8. Ka laluar awewe ti jero saung, nyalampeurkeun ka Gosali, gek dina bangku dariuk, naringkah paada gemeulis, mabek bau minyak mabok.
  9. Omong aki bade meser naon enung, boh bilih butuh ku kacip, paranti meulahan jebug, peso pengot gagang beusi, peso rajang sareng bedog.
  10. Pada meuli awewe pada parebut, meuli peso meuli kacip, aki Boja meunang untung, cah cih cuh aampanan duit, meunang satengah boboko.
  11. Tuluy mulang awewe lalaki ngabrul ti gosali rada tebih, di jalan seuri ngaguruħ, parebut ngaraku istri, majer teh silaing nyaho.
  12. Basa panday ngiceupan kami di ditu, baturna ngawalon jebi, ka kami mah ngajak ímut, ngiceupan, nyacarek balik, ka hayangna kudu ngendong.