Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/93

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
84
 
  1. Eta kitu omong awewe ngagurub, silih tempas pilih genti, kocap nini nu di saung, dahar gede suka ati, nu aramis dadar endog.
  2. Kabeureuyan nini Boja renghaap ranjug, neleg lauk mani nyelingir, ngomong ngosom aduh bedul. lauk cucukan ti gigir, sugan tea bodas lepo.
  3. Henteu lila ki Boja datang ka saung, kaget bareng katingali, lakadalah loba lauk, jeung ieu anu aramis, berkat Juragan Anom.
  4. Aki Boja daharna teh mani rampus, beuteungna mani mutiktrik, geus kitu ngomong ngalenggut, walahwah- weuleuhweuh seuri, heuay kemerekaan ongkoh.
  5. Saban por nu meuli ngaguruh, aki nini loba duit, ganti sarung reujeung baju, icikibung nyoo duit, nu kapungkur mah geus poho.

Pupuh Pangkur

  1. Aki nini suka bunguh, jero saung geus pinuh ku karung duit, di sisi saung ge numpuk, saur Raden ka ki Boja, hayang nyaho duit ku aki, harita keneh dibilang, dijajar-jajar ngabaris.
  2. Saung pinuh ku jajaran, sup ka kolong tuluy deui milang duit, beak kolong tuluy turun ngajajarkeun di buruan, tina karung harita diudul-udul, geus pinuh sakuriling na, ngajajar bilangan duit.
  3. Aki sabaraha pasmet, walon aki Agan duka teuing, aki lieur liwat Ingkung, teu sanggup aki milang, padahal mah saumur can milang kitu, basa pasmat tacan terang, kanyahona genep duit.
  4. Den Anom gumujeng ninggal, polah aki nu saumur tacan harti, milang duít rebu-rebu, wekasan seung ngandika, aeh aki urang, kudu buru-buru ngabogaan gede imah, keur wadahna gudang duit.
  5. Jawab aki aduh Agan, pami kitu eta kalintang peryogi, gaduh bumí enggal atuh, keun aki meulian bahan, nyaur raden kaula mah hayang isuk, imah beunang dieusian,