Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/94

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
85
 
  1. Meulian bahan mah lila, hayang buru-buru pindah sareng aki, mun lila mah ulah tulus, sanggeus nyaur Den Lalana, nyandak jimat cingcin ti ibu kapungkur, dişusutkeun kana soca, torojol dua patih jin.
  2. Ku aki mah teu katinggal, malah-malah nu sumaur teu kakuping, ngeresek lir angin puyuh, gawena hookeun ninggal, kuram-kireum ngusap bungeut jeung rumahuh, sidik harita di dinya, geus jadi nagara resik.
  3. Ciciptaan patih jin tea, gedong beres ngajajar maningabaris, patamaban narik semu, ngembat jalan keur kereta, pasar anyar ngarendeng jeung alun-alun, marakbak nagara anyar, rasa jalma balawiri.
  4. Ayem-ayem padamelan, dieusian ku meja, ditiung korsi, ranjang beusi tempat tidur, parabot sing sarwa cemas, peso sendok jeung garpuh emas wungkul, korsi gading panglinggihan, diteretes inten rukmi.
  5. Pangkuleman dua tempat, anu hiji paranti aki jeung nini, teu beda saujung rambut, aki jeung nini harita, keur beberes gawe ngurus tempat tidur, tuluy turun ngadon ngaca, luwa-lewe ngajebi.
  6. Geus kitu deregdeg lumpat, tumpa-tempo nulak cangkeng ngomong tarik, jongos maneh buru-buru, menta cai gula jawa, sakalian mawa bubuy hui.
  7. Kuweh kaleng anu aya, aki nini ambekana mani buncelik, maneh ku culanggung, menta hui hanteu aya, kueh kaleng matak raheut biwir tangtu, kurang ajar ke dioslab, ka juragan sepuh wani.
  8. Catur deui Den Lalana, harita teh calik dina korsi gading aki jeung mini dariuk, mando hormt kacida, saur Raden leh gedong nu alus nyieunna teu wulan-wulan, kami mah sapeuting jadi.
  9. Mun nungguan aki lila tacan tangku satuan ge bisa jadi, tapi omat ulah geruh, serta telep pegawean, urang manday, prak digawe di gosali.