Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/95

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
86
 
  1. Sinigeung anu keur nepe, nu keur getol, di jero gosali, ayeuna ganti picatur,nya eta Raja Tunjunganbang, kagummita kaceluk ka kandang ewuh, yen ratu kagungan putra, putri geulis taya tanding.

Pupuh Dangdanggula.

  1. Saur Raden bade ulah lami, aki Boja geus indit pek dangdan, pamitan tidurnya mios, di jalan hanteu kacatur, ka alun-alun geus nepi, geus hempak wadia balad, ngaguruh tumenggung, den patih ngadeg di tengah seung ngadawuh, ka sadaya abdi-abdi kaula ngawakilan.
  2. Dawuh ratu ka sadaya abdi-abdi, mere nyaho saembara raja, reh Agan Putri ayeuna teh, teu damang wales kalangkung, kasawatta malak watir, hanteu kersa sasauran, lesu tur ngabisu, ari pilandongeunana, eta kudu cimata buaya putih, saha bae nu meunang.
  3. Saha anu ngadamangkeun putri, saur ratu geus tangtu diganjar, budak atawana kolot, saha bae anu sanggup, ditikateun ka Agan Putri, kajeun somah kuriekan, hanteu pilih bulu, hayolah jawarab ayeuna, balad-balad, sahiji nu muni, sareiun ku buhaya.
  4. Pamikirna sadayana muringgis, miceun pati manehna leu acan luas, sanes teu hayang nu denok, uruy heroy mah kalangkung, mun sieun buaya putih, na ku maha dialana, tangluna dicapluk, leupas pusing moro julang, teu untupan lebar ka indung si kucrit, nu kumpul geus marulang.
  5. Di Jalanna rayat ting kecewis, hanteu luas sieuneun baluas, buhaya langtua ngalebok, ki Boja ge geus cunduk, ditaros ku Den Raspati, aki naon kahasilan, ku matak karumpul, aki ka Raden ngajawab, aduh Agan, ngawartoskeun Den putri, ayeuna ge teu damang.
  6. Saha nu ngadangkeun deui, eta pasti didamel mantua, nikah ka putri nu denok, teu pilih ka kuricakan, saha nu sanggup, cing atuh Agan Sumangga, lebar temen heg Agan Putri teh gulis, estu beunang nagara.