Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/96

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
87
 
  1. Saur Raden mun bener mah geulis, kula sanggup ka Putri goreng patut, walon aki aduh gusti, abdi wantun disumpah, pami goreng patut, na iraha aki panggih, jeung putri disebut geulis, kula mah teu percaya.
  2. Paling oge aki mah beja deui, nyiritakeun nu acan karuhan mending ge jongjon digawe, pigaweeun mani numpuk, tuh itu hanca kamari, aki henteu ngawalonan, hareneg kalangkung, tadi Raden geus nyanggupan, ngalandongan Putri Sina damang deui, kari-kari sulaya.
  3. Aki Boja ngahuleung keur mikir, nyiar akal kumaha jalanna, tuluy ngomong ka den Anom aduh Agan aki bingung, bet kapan Agan mah sakti, na teu hayang ngalandongan pami basil maksud Agan tangtos naek pangkat, janten raja, ditikahkeun ka nu geulis, aki ge naek harkat.
  4. Anu nyebut nelah aki gantí, kasepuhan meureun disebutna, Agan naek aki naek, Raden Lalana ngadawuh, lamun keukeuh awak aki, di dieu aya walungan, kul anu sanggup yu ayeuna geura dangdan, urang ngala, cimata buhaya putih, aki ngigel jeung surak.
  5. Lakadalah mangga Agan Manis, akì ngiring mangga ka wahangan, urang ka Cibondo bae, aki jeung Raden enggeus jung, teu kacatur di jalan deui, ka lebah wahangan datang, Raden ngadawuh pek aki teuleuman, sugan lindeuk, buhaya putih ka sisi, aki ngahod-bod reuwas.
  6. Titah teuleum dina cai tarik, turug-turug rek ngala buhaya, kuriak matak disantok, aduh Agan abdi ampun, teu waantum ngaleuwibi, kumaha kersa gamparan, lajeng Raden Sunu, ciwahangan teb ditepk, tilu kali, mapat keun nyambat sakali, ka rama piramaan.
  7. Haenteu lami cai wuduh tarik, ogaburingkal nyingraykeun ka darat, teu lami aya nu lembok, aki Boja ngaranjung, tuluy lumpat nyumput buni, tina ku hakating reuwas, ninggal nu nyurungkuy, sagede gunung anakana, mana boreng eta teh buhaya putih, bapa pulung Den Putra.