Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/19

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

kabeh pitutur, nu bijil ti salakina, nyata sidik estu terus reujeung ati, tina bawaning nyaah.

Nyi Patimah ngawalonan manis, pegat-pegat bari unghak-inghak, naha engkang panggalih teh, bet aya manah kitu, teu percaya ka diri abdi, era temen ku kanca, sumawon ku sepuh, hakna ku Anu Kawasa, lamun abdi belang bayah gindi pikir, ngan ngarah di senangna.

Masakatna susah teu rek nolih, abdi embung jadi jalma nista, isin temen ku) Yang Manon, istri sarupi kitu, estu jalma sisip pamilih, sanes lampah utama, turunan teu patut, kajabi salira engkang, memang anu teu suka ka diri abdi, eta sanes perkara.

Maksad abdi mun bahan katampi, suka rilah dunya jeung aherat, sumeja bela pati teh, ulah marganing hirup, najan dugi nemahan pati, abdi seja bumela, sawangsulna kitu, menggahing salira engkang, ulah kirang hampura ka diri abdi, rumaos kakirangan.

Teu nyekapan pangabakti abdi, kumawula kumaha mistina, utamana di awewe, ulah kirang nya ma’lum, adat mahluk keuna ku sisip, rajeun aral subaha, mugi cukup lumur, kitu walon Nyi Patimah, Mas Sobari ngadangukeun bati watir, nyurucud cipanonna.

SINOM

Kocap dina hiji mangsa, Patimah keur bungah ati, sabada sembeang asar, kenging nganggo bareresih, disamping karet kodi, harga lima belas baru, bajuna encit bodas, nu saelo dua picis, pangalusna ngabaku paranti midang.

Najan papakean murah, dasar Nyi Patimah geulis, turta bisa mapantesna, teu burung nambahan manis, dedegan jangkung kuning, satingkah-tingkahna lucu, nimbang jeung budi basa, hade tata alus harti, gandes pantes perlente ahli carita.

Buuk hideung galing muntang, nanding kana halis nyempring, tarangna teja mentrangan, masang ka pangambung bangir, biwirna semu galing, beureum kawas nu digincu, dipaes waos

16