Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/20

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

bodas, kembangna di Sukasari, pasosore gek diuk dina amparan.

Di tepas niis nyorangan, ngadaweung semu nu mikir, panonna meleng ka girang, ningal surya waktu burit, cahyana obyor kuning, matak nyuat kana kalbu, inget keur jaman aya, geulangna emas disangling, siga surya nu rek surup geus reupreupan.

Ningal deui kana mega, jeung kapal tengah jaladri, ras deui hate kagagas, waktu pasiar pelesir, keur jaman di Batawi, ulin di Tanjung Pariuk, nunggangan setum bergas, raka nu ngaping ngajaring, dipapayang dianteur ku kasukaan.

Ras inget waktu ayeuna, ngangres ngenes ati sedih, kagagas tambah baluas, urut beunghar sugih mukti, kiwari kantun miskin, dahar sore henteu isuk, Patimah tatanggahan, nenjo imah enggeus iris, tambah ewuh hatena ngan kantun susah.

Sakur lampah nu katukang, dicipta dieling-eling, tambah anteng ngadaweungna, teu inget ka nu ngabanding, anu keur gulang-guling, di kamer keur humaregung, sumawonna ka anak, nu keur ulin tacan balik, inget-inget ku salaki digeroan.

Patimah gancang ngojengkang, ngajawab ririh jeung manis, kah-kah-kah-kah bari luncat, nyampeurkeun ka Mas Sobari, gek diuk deukeut bilik, bari neuteup ka nu nyaur, bade kersa naon kang, Sobari ngawalon ririh, gentra alon semu nu leuleus teu nangan.

Ka mana ari Si Ujang, wayah kieu acan balik, jeung engkang bet rada lapar, tadi dahar ngan saeutik, sugan aya nu amis, sukur lamun aya sangu, jawab Patimah aya, saeutik sesa nu tadi, kangge enjing pasadiaan Si Ujang.

Mangga bade dituang mah, enjing mah kumaha deui, namung teu aya rencangna, mung uyah jeung sambel bari, ceuk Sobari tong teuing, bangun lungse bari tungkul, laparna mah kaliwat, ngan inget ka nu keur ulin, bisi isuk isuk-isuk henteu nyampak.

Kasurti ku Nyi Patimah, sanajan nyebut tong teuing, lajeng Patimah ka tukang, ka dapur nyandak ceceting, tina bawaning watir, maksa ka kamer dipangku, deungeunna karo uyah, kadua jeung sambel bari, disodorkeun ngajagrag payuneunana.

Mas Sobari maksa dahar, ngan sahuap henteu leuwih, ras

17