Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/21

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ingeteun ka anakna, wantu sangu ngan saeutik, pokna teu ngeunah geuning, tapi beuteung mah nguruwuk, surtina Nyi Patimah, los indit ka dapur deui, kakaratak manggih hiji sampeu atah.

Tuluy dipesek dikumbah, mirun seuneu gusak-gasik, sampeu saese diseupan, jadi opat bukur leutik, sanggeus beres gek deui, cangogo hareupeun hawu, cisoca teu karasa, nyurucud merebes bijil, henteu kuat nandangan kawaluratan.

Galih raos digerihan, Patimah teu eureun ceurik, ditahan henteu kawawa, unghak-inghak langkung sedih, Sobari oge nyuping, nu keur sumegruk di dapur, ku Sobari kapaham, milu ngenes jero ati, anjeunna ge munggah ngucur cipanonna.

Sanggeusna lemper manahna, Patimah keur cukah-cikih, celuk-celuk sora putra, uba-ibu ti nu tebih, adat budak geus galib, gura-gero ti nu jauh, Nyi Patimah ka luar, nyampeurkeun ka murangkalih, seug ditungtun asup bari diusapan.

Ujang teh mentas ti mana, ulin kajongjonan teuing, jeung naon eta na pesak, ngabereyot mani buncir, jawabna Ujang Salim, bari ngodok kana saku, tuh bu! ku seueur pisan, dukuh kenging mulung abdi, ti kebonna juragan Lurah pareman.

Manawi palayeun mama, abdi mah seubeuh ti tadi, bari ngudulkeun dukuhna, tina saku nu merekis, kira sapuluh siki, pacampur jeung pentil jambu, dukuhna peot ngora, Sobari di jero nguping, Ujang Salim keur baceco jeung ibuna.

Sobari seug ngagentraan, gura-gero Alim! Alim, Jang Salim berebet lumpat, nyampeurkeun ka jero bumi, mamawa dukuh pentil, diwadahan ceting butut, dipintonkeun ka rama, jeung bari ngomong ngecewis, tepak-toel ka ramana ngalendotan,

Dasar budak keur sedengna, diajar ngomong ngecewis, ka ramana pok nyarita, lah ma aya resep abdi, ulin jeung Encep Midi, putrana juragan Kuwu, lah ma abdi ku hayang, kukudaan anu alit, siga anu Encep Midi sae pisan.

Kalecina seueur pisan, barodas sae laleucir, kenging ngagaleuh ramana, enjing mah rek ulin deui, Cep Midi prantos jangji, ka abdi di dinten isuk, nitah ngumbah kudana, buruhna kaleci hiji, sareng abdi sok dibere kadaharan.

Kapungkur mah mere buah, pelokna mani sahiji, ku abdi teh

18