Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Angkrog mamanukan alus, nu rupana warni-warni, geus rea tuluy dijual, nitahan ka nu maranti, tukang ngider saban pasar, diketengkeun hiji-hiji.

Ibuna deui nya kitu, diajar ku Ujang Salim, lami-lami mah tiasa, teu beda jeung Ujang Salim, atuh beubeunanganana, sapoe lain saeutik.

Di imah pinuh ngahunyud, teu wudu aya pangaji, aya harga saperakna, sapoena anu jadi, nya gede oge batina, satengahna tina jinis.

Rata-rata anu tangtu, tina sapoena bati, bersih geus ngitung buruhan, teu kurang ti lima picis, tina panggawe duaan, teu wudu rada mecekil.

Pikir Salim beuki maju, malar meunang hasil leuwih, nyieun deui papanggalan, jualeun ka murid-murid, diusumkeun di sakola, sakabeh murid mareuli.

Atuh beuki henteu wudu, kabeh saayana murid, bangsa kaulinanana, dipakna ku Ujang Salim, anu teu bisa nyieunna, meuli dijualna mindring.

Ujang Salim tambah segut, pakena rapih jeung ginding, bajuna boga rangkepan, sarung iket kitu deui, meunang macakal sorangan, nepi ka boga erloji.

Ibuna deui nya kitu, jeung Salamah teu rarudin, dahar pakena meujeuhna, ku ihtiar Ujang Salim, nu nyukup sandang-panganna, ka dulur ka ibu asih.

Nyengcelenganana terus, dina sapoe saketip, ku Ujang Salim dipaksa, tempo-tempo bisa leuwih, mun pareng gede untungna, ngaleuwihan ti sasari.

Sakolana henteu mundur, ku guru-guru dipuji, dina saban-saban kelas, angger jadi nomer hiji, paling ngaclek nomer dua, punjul ti sakabeh murid.

Jang Salim kari sataun, sakolana kana bijil, caturkeun di sakolana, Salim boga sobat dalit, katelahna Encep Tarlan, putrana juragan Naib.

Gulet kawas reujeung dulur, sapapait samamanis, unggal poe rerentetan, batur ti waktu mimiti, kawit asup ka sakola, keur jaman di kelas hiji.

37