Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/41

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Encep Tarlan unggal taun, dimana waktu pakansi, sajero bulan Puasa, sabulan sok di Betawi, matuh cicing di pamanna, kawantu budak geus yatim.

Ku rama ditinggal pupus, yatim sarua jeung Salim, kacaturkeun hiji mangsa, Tarlan jeung Salim badami, poe Minggu waktu senang, sambian bari pelesir.

Ceuk Salim ke taun payun, urang ti sakola bijil, meureun kenging sertipikat, kumaha Encep nya galih, rek angkat ka mana tea, reh prantos boga pangarti.

Margi urang meureun kudu, nyoba ngajajal pangarti, beubeunangan ti sakola, moal enya bae cicing, meureun urang kudu nyaba, neangan gawe pribadi.

Angot abdi gaduh indung, sareng pun adi sahiji, nu kudu diurusanan, tanggungan abdi pribadi, wantu henteu gaduh bapa, nenggang teu aya pamili.

Encep Tarlan pok ngawangsul, kuring mah teu aya deui, cita-cita ti baheula, ngan rek matuh di Betawi, moal rek ka mana-mana, reh mamang kuring geus jangji.

Ka kuring sumeja ngurus, anjeunna erek ngilari, ngusahakeun pagawean, enya eta pikeun kuring, di mana bae nu aya, dines atawana kulir.

Kawuwuh kuring di ditu, betahna kaliwat saking, rea pikeun pangbubungah, gampang nambahan pangarti, pagawean henteu kurang, rek ka mana bae milih.

Asal bae urang purun, rek dines atawa kulir, di toko di gudang-gudang, di kantor atawa pabrik, moal erek kakurangan, kana mandor jurutulis.

Jang Salim rada melenguk, ku ras teu boga pamili, tuturkeuneun keur manehna, anu aya di Betawi, pikiranana ku hayang, nyaho di nagri Betawi.

Ceuk Salim upami kitu, abdi ge hayang teh teuing, lamun rea pagawean, pakulian rupi-rupi, kawuwuh ku hayang terang, nagara nu rame leuwih.

Reh ramena geus kamashur, hayang nyidikkeun pribadi, ulah wungkul beja-beja, Encep mah terang da sering, naha kumaha ramena, coba cariosan abdi.

38