Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ceuk Cep Tarlan atuh puguh, ramena kaliwat saking, sajero Pulo Jawa mah, ramena taya nu nanding, Semarang jeung Surabaya, ka Betawi mah teu nepi.

Gedong gede nu aralus, di sisi jalan ngabaris, beres toko ngajalajar, toko Cina Arab Keling, sumawon toko Walanda, urang Jepang urang Inggris.

Lamun urang rek lumaku, ti beurang atawa peuting, henteu kurang tutumpakan,sado kareta pabuis, hentéu saperti di urang, ti peuting tiiseun jempling.

Sado kreta rebu-rebu, henteu eureun mundar-mandir, dina sapanjang jalan, sajero kota Betawi, diputer sakuliahna, ku setum reujeung ku listrik.

Susah lamunna dicatur, ditataan hiji-hiji, tina karameanana, Cep Tarlan ngomong ngabuih, sakur anu kainget mah, dibejakeun ka Jang Salim.

Karamean di Pariuk, gudang-gudang pabrik-pabrik, nu aya di palabuan, gedong gajah Lapang Gambir, sakur kaayaanana, ditataan hiji-hiji.

Jang Salim bati ngaheruk, ngaregepkeun nu ngabuih, datang ka henteu karasa, ti isuk nepi ka burit, teu aya nu dicarita, ngan karamean Betawi.

SINOM.

Kacatur dina peutingna, Salim teu sare sapeuting, nyileuk mikir nyita-nyita, kaayaan di Batawi, digambar jero ati, sakur nu geus dipicatur, hal karameanana, tapi ku ati teu tepi, sabab acan dikabaran ku sang mata.

Nu kacipta ngan bangsana, nu di nagrina pribadi, saperti toko jeung imah, nu galede ngajalegir, panyiptana jro ati, toko-toko nu aralus, saperti toko Cina, anu pepek rupi-rupi, panggedena nu aya di nagarana.

Bumi Kanjeng Tuan Besar, di Tanah-lapang ngajegir, kabupaten nu dicipta, kitu deui Lapang Gambir, nyiptana henteu tebih, nyamikeun jeung alun-alun, sakabeh dipaparah, gudang reujeung pabrik-pabrik, nyileuk nyipta di enggon bari