Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/48

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

sabab nu geringan nguyung, moal bisa ngihtiaran.

Bisa beunghar boga harti, beunangna kapan ku jagjag, kapan lamun awak nombro, kumaha neanganana, najan nu beunghar pisan, mun katemrong gering nangtung, hamo manggih kasenangan.

Buncir leuit rea duit, rea sandang loba pangan, teu jadi nyenangkeun hate, da teu bisa gundung-gandang, sandang taya gunana, najan pangan ngeunah alus, moal ngeunah karasana.

Anu pinter boga harti, teu bisa ngajadi harta, mun pangarti teu kapake, lantaran dibawa lara, contona mama Ujang, balas geringan rurumbu, harti rugi harta beak.

Poma kudu jadi eling, jaga samemehna lara, ati-ati memeh nombro, leuwih gampang ngajagana, batan nambaanana, lamun gering buru-buru, ka doktor geuwat tambaan.

Petana ngajaga diri, kudu beresih berseka, ulah rek odoh jeung kotor, pakean remen seuseuhan, soeh gancang kaputan, mandi ulah tinggal sabun, diruruan dikasayan.

Dahar sare sing maranti, anggeran dina waktuna, ulah sambarangan tempo, sartana kudu meujeuhna, ulah rek kaleuwihan, kakurangan deui kitu, temahna aya matakna.

Ana dahar rea teuing, bareurat rasa marenggah, nungtun kana beuki sare, lamun sare kaleuwihan, rea kaluar panas, tangtu badan jadi lesu, leuleus kurang pangawasa.

Kana pikir kurang nyaring, lantaran kurang tanaga, jadi males kana gawe, tungtungna jadi geringan, mun badan kurang obah, kabeh urat mararungkut, paregel ngarey bareurat.

Imah-imah kitu deui, kudu garenah caraang, ulah maredem paroek, sarta kudu jandelaan, saban poe dibuka, malar hawa panas asup, nyorotan ka jero imah.

Pakarangan sing beresih, runtah-runtah didurukan, ulah bareye barecek, cai hujan nu ngarumplang, kocorkeun masing saat, malar nyingkah sato lembut, ku reungit teu pake nyayang.

Imah nu henteu beresih, sumawon poek teu caang, teu aya jandela plungplong, eta gede mamalana, pake cicing binatang, basil-basil nu lalembut, matak mawa batuk gangsa.

Panyakit nu baya leuwih, hese ditambaanana, mun buruan

45