Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/49

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

bararecek, runtah henteu didurukan, jadi bau hawana, reungit ngararendog tangtu, matak mawa malaria.

Ku ibu henteu diwincik, dina sahiji-hijina, anu perlu bae nyaho, sakitu oge meujeuhna, nu gampang dilampahan, poma Ujang kudu turut, malar Ujang teu geringan.

Katilu sing gede ati, ulah reuwasan borangan, Ujang sing gede wawanen, pipikiran masing jembar, ulah dusun eraan, sumawon hate nguluwut, kudu wanter jeung sonagar.

Papakean ulah rudin, perlente tatag carita, lamun nguyung guya-goyo, matak katipu jelema, najan boga panalar, disangkana bodo ngedul, susah meunang pagawean.

Tapi ulah salah harti, lain ginding gagandangan, perlente lain gumasep, pipinteranan cetaan, mun kitu jadi salah, laku sing ngukur ka kujur, tindak kudu nimbang awak.

MAGATRU.

Kaopatna ka Ujang piwuruk ibu, mun pareng boga rejeki, tina dagang boh buburuh, sumawon mun meunang gajih, poma kudu soson-soson.

Ulah kena-kena Ujang keur buburuh, kana rejeki teu apik, boga rasa unggal minggu, atawana unggal sasih, henteu elat duit ngocor.

Teu ngingetkeun ka hareup nu rek dipaju, kapan jalma keuna sisip, keuna sepuh keuna udur, lamun geus teu kuat kuli, teu boga keur bekel nombro.

Unggal bulan poma Ujang sing perelu, paksakeun ulah rek Jali, neundeun ka bang anu tangtu, gede-leutik kudu pasti, poma ulah erek towong.

Keur jagaan lamun manggih gugup ripuh, anu perlu leuwih-leuwih, ulah sampe unjak-anjuk, mun hutang rea ngalilip, tangtu hate moal jongjon.

Rea conto nu digawe teu marulus, tina asal gajih leutik, nepi kana gajih ratus, puluh-puluh taun kuli, ber ka kaler los ka kulon.

Ahirna teh geus gede gajihna lapur, eureun jaba jeung dibui,

46