Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/56

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

katelahna, bumina caket sentiong, sanggeus ditulis tuluy, notisi disakuan deui, barina jeung ngandika, sugan aya untung, wirehing di kantor engkang, cariosna bade ditambah personil, sasih payun kawitna.

Damel kantor kangge jurutulis, sareng lerling opnemer tikenar, engke lamun enggeus tangtos, tangtu engkang perelu, nyuratan boh datang pribadi, mun Ujang acan meunang, gawe anu tangtu, Ujang Salim jeung Cep Tarlan, nganuhunkeun bungahna kaliwat saking, bujeng bae enggalna.

Kacaturkeun bae enggeus tepi, ka bumina paman Encep Tarlan, Jang Salim ngan kantun bengong, jauh jeung cita kalbu, imah-imah anu kapanggih, di jero kampung eta, teu aya nu alus, bumi anu didatangan, imah ngupuk hateup kenteng sarta bilik, sewaan tujuh perak.

Kawuwuhan ti pos langkung tebih, sarta jauh pernahna ti jalan, katambah jeung bulat belot, ka gang laleutik asup, Ujang Salim nyileuk sapeuting, barina jeung nepakan, reungit anu napuk, ngedeng na samak saheulay, dina bangku awi anggelna sahiji, dipake ku duaan.

Sapeupeuting Salim gulang-guling, jro pikirna Salim ngana-naha, ka Cep Tarlan nu nyarios, wungkul anu dicatur, karamean kota Batawi, ari henteu ngeunahna, teu pisan dijantur, bet geuning kieu buktina, hawa panas katambah jeung rea reungit, jeung rea babauan.

Ati Salim cuscos henteu cicing, rea-rea nu jadi pikiran, ras inget ka lemah bale, ibu anu dikantun, jeung Salamah anu diasih, ku Salim diwawaas, galih nu di lembur, ras keur waktu di Karawang, babarengan reujeung anu jangji tadi, sarimbag jeung ramana.

Pikir Salim naha salah teuing, kurang temen talete tatanya, tina bawaning ku atoh, reh maksudna rek nulung, ari tempat damelna deui, ku aing teu ditanya, malar aing puguh, mun maksud seja neangan, reujeung naha aing boga resep asih, Salim kitu pikirna.

Kacaturkeun bae lami-lami, Ujang Salim reujeung Encep Tarlan, sanggeus ngareureuhkeun cape, meneran poe Minggu, geus

53