Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/57

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

badami erek pelesir, perlu nu pangheulana, nu erek diburu, samemeh ngajajah kota, Luarbatang diperlukeun nomer hiji, jiarah ka karamat.

Maksud neda sapaatna Wali, reh nurutkeun pesenna ibuna, bareto samemeh mios, kacatur isuk-isuk, pukul genep enggeus arindit, meunang make darangdan, tarumpak na setum, Jang Salim — sajalan-jalan, culang-cileung panonna teu daek cicing, ningal gedong ngajajar.

Saumuma nu kakara manggih, Encep Tarlan nu purah nataan, nuduhkeun sakur nu nyaho, nu kaliwat ku setum, gedong palis kantor pinansin, bumina Tuan Besar, jeung jaba ti kitu, toko kantor disebutan, kacaturkeun ka Luarbatang geus nepi, tuluy pada hadiah.

Sanggeus tamat doana jeung puji, tuluy bae pada kalaluar, nu musapir geus ngaberes, Jang Salim ngodok saku, rata kabeh pada dibagi, kitu deui Cep Tarlan, hajat milu kaul, barang dina panganggeusan, aya hiji budak Arab ngaku Habib, nampan menta sidekah.

Ku Cep Tarlan dibere sapicis, tapi masih keneh bae nampan, ditambah deui lima sen, Jang Salim jongjon nangtung, sarta melong ka eta Habib, diririk pangadegna, Jang Salim jamedud, henteu pisan mirosea, anggur malik trus bae leumpang ngadig-dig, miheulaan Cep Tarlan.

Sanggeusna babarengan deui, ceuk Cep Tarlan geuning Salim naha, ari ka Habib teu mere, eta anu perelu, urang sidkah ka putu Nabi, diteda karamatna, wantu cucu Rasul, ceuk Jang Salim bener pisan, tatapina sawangsulna kitu deui, kedah panjang emutan.

Lamun yaktos turunan prahabib, moal kitu kalakuanana, tur mungguh nu barang maen, eta lampah teu patut, pikeun jalma anu walagri, ari nu tadi tea, estu jalma segut, teu aya pisan cacadna, sawangsulna jadi ngahinakeun Nabi, ngaku turunan mulya.

Turug-turug geuning tadi bukti, tanda jalma kurang wiwirangna, teunarima sapamere, nawar menta diwuwuh, hiji ciri hina tur sisip, abdi mah teu percaya, ka nu kitu patut, najan

54