Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/58

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

leres Habib pisan, lamun boga kalakuan nu teu uni, abdi moal ngajenan.

SINOM.

Encep Tarlan teu ngajawab, cicing semu anu ngarti, kacatur bae enggalna, lampah Tarlan sareng Salim, muter kota Batawi, raramena nu dijugjug, Pacinan Kongsi Besar, trus ngaler ka Pintukecil, di Golodog, mapay-mapay toko loak.

Jang Salim teu weleh heran, leumpang barina jeung mikir, wireh sapanjangna jalan, sajero kota Batawi, toko beres ngabaris, gedong-gedong nu aralus, diparulas barodas, teu aya hiji Pribumi, nu ngeusian gedong toko nu ngajajar.

Toko cita wungkul Cina, katut congkrang parang-piring, barang-barang nu harerang, urang Jepang urang Keling, bangsa parabot beling, poci kaca nu lalucu, ngalayah barang pecah, selop alketip ngalilip, sutra-sutra buludru gilap harerang.

Kabeh wungkul urang Sebrang, anu dagang gararinding, capetang nawarkeun tandang, bangsa urang nu ngabanding, jadi bujang jeung kuli, rajeun dagang wungkul nanggung, buburuh ngarah murah, balantik ngarah saeutik, ngan saukur ngawarung lulumayanan.

Dadasar di tengah pasar, ukur soto sate kopi, lalab rumbah bangsa murah, kadaharan nu rarudin, lamun di gedong cicing, purah nyapu ngurus lampu, jadi jongos ngawula, jadi mandor jadi kusir, Ujang Salim teu weleh pikirna heran.

Mikiran naon sababna, Pribumi nu wungkul miskin, nu kaya anu ngumbara, Ujang Salim mikir deui, dina sajero ati, boa urang ge nya kitu, sakur nu ngumbara mah, mariang ka nagri Asing, meureun kaya, palinter rea hartana.

Tapi henteu meunang beja, urang Jawa anu indit, ngumbara ka tanah Sebrang, nu saperti urang Asing, di dieu nu caricing, marukti rea nu cukup, ari urang Jawa mah, bejana ngan jadi kuli, jadi jongos tukang kuda kuli kontrak.

Jang Salim panjang mikirna, sabab-sababna ditungtik, tapi weleh teu katalar, ku Salim acan kapikir, ti Glodog tuluy indit,

55