Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/87

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

dikinten-kinten yuswana, dua puluh tilu leuwih, eukeur sedengna bang-bangan, rumbahna rek sedeng jadi.

Ngaradeg sadaya tamu, ngamanggakeun ka nu sumping, saprantosna sasalaman, tatamu lajeng gek calik, linggih bari dodongkoan, jeung narik korsi ka sisi.

Ti riungan rada jauh, tawis hormat ka pribumi, pribumi deui ngandika, calik ulah tebih teuing, tamu jawab mamanggaan, bari jeung majeng saeutik.

Pribumi pok manis nyaur, pun emang anyar pinanggih, asa-asa nembe pendak, kawas nu perelu sumping, lenggah teh di mana tea, Den Wiryadi walon manis.

Sumuhun di Kebonjeruk, upami percanten abdi, Teekenaar Opnemer kota, kantor B.O.W. Batawi, ka dieu nu mawi dongkap, aya perelu saeutik.

Wirehing abdi kapungkur, sareng ’na kareta api, wangsul ngukur ti Karawang, sareng dua murangkalih, saurang namina Tarlan, nu saurang deui Salim.

Jisim abdi gaduh sanggup, jangji sumeja ngilari, damel kangge aranjeunna, nyariosna ka sim abdi, aya di dieu calikna, ayeuna abdi ngilari.

Manawi masih ngalanggur, wirehing di kantor abdi, ayeuna nyondong lowongan, dua jalma kangge lerling, kana opnemer tikenar, namung gajihna saeutik.

Limabelas kawit asup, pribumi walon ngalahir, bari unggut nunuhunan, lajeng ngagentraan tarik, ka putrana Encep Tarlan, torojol nyampeurkeun gasik.

DANGDANGGULA.

Barang bijil Cep Tarlan ngalirik, ka tatamu anu eukeur lenggah, tuluy nyampeurkeun nyolondo, sasalaman sideku, Den Wiryadi nampanan manis, nyaur ayihaturan, Tarlan jawab nuhun, ceuk Wiryadi puguh engkang, anu mawi dongkap teh inget Ka janji, waktos kapungkur tea.

Sareng mana ari ayi Salim, nu kapungkur rencang sasarengan, samemeh Tarlan ngawalon, ramana nyambung nyaur,

84