Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/88

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ngawalonan ka Den Wiryadi, nyarios Salim ajal, kawitna dijantur, dongkap ka wekasanana, bari nunjuk ka Mas Lurah nu keur calik, malah ieu ramana.

Jeung ibuna ka dieu sarumping, ngaralongok ka kuburanana, Den Wiryadi langkung kaget, jro galihna ngaranjug, lajeng naros bari ngaririk, ka pameunteu Mas Lurah, ’na iraha rawuh, kapungkur jawab Mas Lurah, prantos kenging opat kalimana wengi, sareng dinten ayeuna.

Masa Allah henteu nyana teuing, Den Wiryadi bari cumalimba, abdi sakalangkung kaget, teu nyana ari umur, dasar mahluk kapurba Gusti, henteu kawasa terang, tulis ti Yang Agung, ninggang kana paribasa, cacaturna ceuk sepuh dihin pinasti, anyar pinanggih tea

Ngan pamugi slira emang-embi, ulah kirang nya metakeunana, kasabaran galih sareh, sumerah ka Yang Agung, namung mugi teu jadi, galih wireh sim abdi lancang, siga nu miwuruk, nyarios kitu ka sepah, Den Wiryadi nyaur bari imut manis, tawis beresih manah.

Pok Mas Lurah ngawalonan manis, hatur nuhun ka piwejang putra, nyuhunkeun dungana bae, Nyi Patimah ngaheruk, ngadangukeun weling Wiryadi, cisoca teu karasa, mehmehan nyurudut, lajeng ngojengkang ka tukang, henteu tahan nahankeun kasedih galih, ngaragragkeun cisoca.

Sanggeus tuus cisoca nu bijil, mulih deui ka tamu mayunan, Patimah teu weleh melong, ka nu eukeur cacatur, galih ngait ka Ujang Salim, wireh ningal rupina, meh henteu pajauh, rarayna bade sarimbag, resep sedep ningal Wiryadi ngabuih, carios ngagorolang.

Kacaturkeun saprantosna lami, Den Wiryadi natamu di dinya, enggalna bae nyarios, damel anu dicatur, sareng Tarlan badami deui, Tarlan kalangkung bungah, jangji minggu payun, baris nampi padamelan, Den Wiryadi ka pribumi pamit mulih, tina korsi geus cengkat.

Seug nyolondo mapay nu caralik, sasalaman bari dodongkoan, ngamanggakeun ka sakabeh, ka Lurah bari munjung, Den Wiryadi nyaur jeung manis, sumangga atuh emang, ka

85