Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/89

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

rorompok rawuh, memeh mulih lenggah heula, sareng embi mung tangtos pangangken abdi, tebih tina utama.

Ku jalaran teu aya nu beuki, jomblo taya istri nu misuka, lengoh acan gaduh bojo, nyaurna bari imut, juru panon ngareret nilik, kana pameunteu salamah, bangun nu kairut, indit bari dedepean, mungga-mangga angkatna kagok saeutik, asa gagaleongan.

Reh katarik ku watekna istri, lelembutan Wiryadi kaeurad, ‘na galih Salamah mangrod, Den Wiryadi geus tuluy, panggalih mah tingaleun ngait, angkat sajalan-jalan, henteu weleh emut, sasambat aing ka kemat, masa Allah aing henteu nyana teuing, bakal manggih mustika.

Asa-asa aing geus papanggih, remen nenjo sajero impian, Wiryadi angkat teu jonjon, galihna tugteg ratug, sarta ngemut lebeting galih, melong bari ngawangwang, malar hasil maksud, ras emut ka Encep Tarlan, jro galihna bungah untung bakal rapih, Tarlan jadi lantaran.

Nu nepikeun kana maksud aing, diri aing henteu kudu rempan, sugan pareng jadi jodo, Den Wiryadi ras emut, reuwas pias henteu dipikir, boa aya nu boga, atina rumanjug, geus nepi ka Gang Katapang, teu karasa uleng bawaning ku mikir, nyimpang meh kapohoan.

Sasumpingna ka bumi teu nolih, panganggona teu kosi dibuka, tuluy ngagoloyoh bae, nyuuh di tempat tidur, ngabebengkang kawas teu eling, mapatkeun kinasihan, panonna ditutup, ngajepat bari nangkarak, panteng uleng nyipta nu pake kaeling, nya eta Nyi Salamah.

Kunyam-kunyem tarangna ngalilip, kerung malang anteng pangmandengna, ngalempengkeun tekad golong, hiji anu dituju, ditojokeun ka nu ngarungsing, dicipta pameunteuna, gumulung menekung, diincer lebah socana, ditiupkeun bulak-balik tilu kali, nojo ka rarayna.

Bari dangah tiup nu kahiji, dilempengkeun nojo ka taarna, dicipta di jero hate, ti dinya deui niup, nu kadua meneran ati, tiup nu ka tiluna, nu jadi panutup, lambat tarik paniupna, diputerkeun malar meulit dina peujit, ngalayah dina bayah.

86