Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/90

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ditungtungan pangucap jro ati, ku heh siah moal burung beunang, trus Wiryadi ngagoloyoh, muka soca nu nutup, ngemat tamat tapakur rapih, kojengkang tuluy hudang, sarta muka baju, angkatna gagaleongan, langlang-lingling bangun anu henteu eling, kagiwang semah datang.

ASMARANDANA.

Tunda heula Den Wiryadi, nu keur kagembang nu lenjang, ayeuna gentos carios, mulang malikan ka tukang, Salim nu nandang lara, di rumah sakit ngaringkuk, tugenah nandang balangsak.

Sadatang ka rumah sakit, ti barang waktu dibawa, ti kebon eukeur ngarengkol, tas sasab apruk-aprukan, leungit ingetananana, digogotong digugulung, henteu boga rarasaan.

Geus meh dua bulan leuwih, di rumah sakit matuhna, panyakitna acan hade, geringna katutuluyan, tina asal muriang, ngahudang panyakit lumpuh, kaseuit lantaran sasab.

Ari ras Jang Salim eling, dina katilu poena, culang-cileung rurat-reret, neuleu ka luhur ka handap, panonna rundat-rindat, pikirna malaweung bingung, kaget reuwas jeung baluas.

Rarasaanana ngimpi, cupa-cipi rumpu-rampa, neuleu jalma redes beres, ngajaloprak nalangkarak, dina bangku ngajajar, pikirna heran jeung bingung, ngomong sajero atina.

Na ieu di mana aing, ka dieu saha nu mawa, naha hirup naha paeh, naha ieu teh di dunya, atawa di aherat, melong jeung nangkeup harigu, rungah-ringeuh jeg nu owah.

Ngeluk ka badanna nilik, ditenjo pakeanana, geus disalin ganti kabeh, samping poleng baju bodas, beresih diistrika, seug nyasar ngarampa irung, mriksa napas masih aya.

Nyangkana di rumah sakit, sanggeus doktor mariksa, kana badanna sakabeh, dirampaan diketrokan, eme reujeung dadana, ku Walanda gede jangkung, sareh manis babasanna.

Mariksa kabeh nu gering, ka sakur anu tatamba, talete sarta sareseh, bangun kacida welasna, nyaur bari ngupahan, dipapay ka unggal bangku, dipariksa panyakitna.

87