Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor II.pdf/16

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

KINANTI.

Sajero Salim buburuh, ka Tarlan teu pisan lali, upama di poe Ahad, waktu eureun tina kuli, manehna remen neangan, sambian bari pelesir.

Neanganana ngajugjug, karamean tempat ulin, nu dipalar kabeneran, eukeur lalajo papanggih, tapi teu hasil maksudna, teu pareng bae kapanggih.

Kacaturkeun hiji waktu, Salim keur digawe gasik, pakpikpuk ngeusi tanggungan, jol tuan Opzichter sumping, ngadeg di gudang nungguan, ningal gawe kuli-kuli.

Bari ngajanteng nyerebung, nyesep sigago meleding, ningal barina nitenan, pagawean kabeh kuli, harita pagancang-gancang, beda ti gawe sasari.

Cangcingceng sarta garugup, ngadak-ngadak gudag-gidig, ngan Ujang Salim sorangan, jongjon digawe teu gingsir, tetep adat biasana, teu ngaleuwihan sasari.

Tuan ngadeg bari imut, Opzichter galihna surti, memang kitu biasana, meh lumrah adat nu kuli, mun dunungan keur nungguan, jeg nu heueuh gudag-gidig.

Lamun ti dunungan jauh, meleng cicing maling-maling, males gawe lalaunan, tapi mungguh Ujang Salim, aya jeung euweuh dunungan, tetep teu ara melencing.

Pikir Salim lamun kitu, ngan hareupeun bae gasik, tukangeun sasuka-suka, jalma teu nyaho di wajib, jeung bohong nipu teu beda, nu moal langgeng diasih.

Tuan ngadeg umat-imut, ningali gawena Salim, rupana resepeun pisan, wireh budak masih leutik, turta jeung pantes rupana, gawena getol jeung rajin.

13