Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor II.pdf/19

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Tuan kasampak keur linggih, ngadengklang ’na korsi panjang, di buruan keur nyosore, senang nyegerkeun salira, dina hawa nu lenglang, caang henteu aya mendung, seger nyirnakeun bayeungyang.

Ngadengklang bari jeung nyangking, serat kabar nembe datang, Java Bode kabar kahot, bari nyandingkeun arotan, ngajagrag dina meja, meja bunder nu ngabaku, didaweungkeun diburuan.

Nyonyana tunjangeun linggih, lenggah semu bararungah, kenging beres nganggo-nganggo, raksukan kabaya bodas, sisina direndaan, sinjang batik kembang wungu, ninggang pantes ka rupina.

Sangguina gede ngajebing, niron gelung urang Jepang, selopna palingpang koneng, najan geus sepuh yuswana, kasipuh ku anggoan, beres kewes wuwuh lucu, katambah kulitna bodas.

Nyacas pantes tambah geulis, teu katawis enggeus sepah, ceples jeug nu anom bae, putra anu pangageungna, tebih calikna nenggang, ngadaweung keur maca buku, sinyoh Dolf katelahna.

Putra nu kadua istri, Nona Edith kasebatna, geulis pantes jangkung koneng, calik gedengeun ibuna, ngariung henteu anggang, ngadekul bari jeung tungkul, ningalian gambar-gambar.

Putra anu hiji deui, bungsu anu pangbureyna, sinyoh Yus kasebatna teh, keur ameng kakalecian, sorangan lulumpatan, henteu lami Salim jebul, datang meled dodongkoan.

Tuba-tabe ti nu tebih, barina unggut-unggutan, tanda hormat ka panggede, ngarengkuh reujeung awakna, dampal leungeun nu dua, dirumbaykeun bari nungkup, kana parindikanana.

Tuan barengna ningali, cengkat tina korsi panjang, gumujeng sarta sareseh, zoo zoo zoo zoo jeung nyakakak, semu pisan nu bungah, ’t is deftig bari nyaur, ginding cakep mun Sunda mah.

Nyonyana imut ngaririk, nyaur miwarang ka tukang, reh tuanna geus nyarios, yen bakal kagungan bujang, disebatna Si Salam, saprantos Salim ka pungkur, seug disusul ku nyonyana.

Sadayana eusi bumi, koki jongos disauran, tuluy diwawuhkeun bae, jeung dibejakeun ngaranna, Salam katelah anyar, Ujang Salim tuluy munjung, ka jongos koki sadaya.

16