Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor II.pdf/24

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Nyonya-tuan nyalampeurkeun gasik, malah rama sinyoh Pit sinyoh Yan, pada mere tabe kabeh, ku pribumi dicatur, ka tatamu asalna tadi, anu nulungan tea, keur waktu kalebuh, barang prantos dibejaan, wantu wantu tatamu pada pamili, sadaya tatabean.

SINOM.

Sungsong tuan nyonya-nyonya, mere tabe ka Jang Salim, Jang Salim ripuh nampanan, anu tabe gunta-ganti, nyarebat trima kasih, Salim ngawalonan nuhun, Salim ge henteu nyana, reh ka Dolf poho deui, jeung teu inget manehna enggeus nulungan.

Kabeneran waktu eta, tatabeuhan geus sayagi, ger musik tuluy darangsa, sapasang-pasang nguriling, Jang Salim pada narik, anu metot nu ngagusur, ku nyonya reujeung tuan, dibawa dangsa nguriling, pada nyebut sobat anyar urang hormat.

Teu daek oge dipaksa, kudu daek bae misti, tungtungna seug bae dangsa, sabuntar-bentor teu uni, wantu rada aringgis, sieun katincak sapatu, tamu tingbarakatak, nyeungseurikeun Ujang Salim gunta-ganti teu eureun pada masangan.

Unggal rek lumpat ka tukang, pada megatan ………… dona pada marucat, dihareureuyan sakali, Salim ripuh teh teuing, kesangna munggah nyurudut, cape henteu karuhan, gugundulan rugag-rigig, atuh nyetel jeung nyonya kawas bangsana.

Enggalna pesta bubaran, dumugi ka tabuh hiji, tamu geus mulih sadaya, mung sinyoh Yan jeung sinyoh Pit, anu kantun mareuting, teu balik nepi ka isuk, malah ibu-ramana, karulem henteu marulih, cararios meh dongkap ka pukul opat.

Ka Ujang Salim mariksa, ramana sinyoh Yan jeung Pit, asal-usul urang mana, sarta diparios deui, kumaha waktu tadi, pang Jang Salim bisa nulung, ka Dolf Pit reujeung Yan, keur waktu meunang balai, jeung marios ngaranna ibu-ramana.

Ku Jang Salim dicarita, asal-usul waktu tadi, ditetek henteu kaliwat, tuan-nyonya nu ngaruping, pada marilu sedih, reh ku Jang Salim dicatur, dina waktu sangsara, malah keur di Sukasari, dicaturkeun tina kamiskinana.

21