Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor II.pdf/23

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Sarta bari ngaririk ka Salim, ceuk adina enya asa-asa, ka Dolf deui pok ngomong, pokna Dolf geus tepung, reujeung jalma nu ngaran Salim, anu rtulungan tea, keur waktu tikunclung, jawabna Dolf teu acan, malah-malah diteangan teu kapanggih, geus euweuh di pondokna.

Ceuk Sinyoh Yan Dolf mun papanggih, tangtu moal nyaho ka rupana, da Dolf satengah paeh, keur waktu digugulung, dipapayang ku ngaran Salim, tapi siga-sigana, rupana mah itu, jongos Dolf anu anyar, nu bareto ka urang geus bela pati, naha saha ngaranna.

Dolf jawab bari jeung ngaririk, ka Jang Salim nu keur ngaladenan, lain da ngaranna sejen, anu bareto nulung, pan ditulis ngaranna Salim, jongos mah ngaran Salam ngaranna enggeus diganti, rasa mah moal salah.

Na geus lila di dieuna cicing, jawab Dolf geus meh genep bulan, sinyoh Pit pok deui ngomong, sugan manehna nyatur, geus nulungan prahu tibalik, henteu ceuk Dolf jawab, manehna teu nyatur, cik ayeuna urang coba, bisi-bisi manehna pohoeun deui, jajal urang calukan.

Gero-gero sebut ngaran Salim, mun nyampeurkeun urang pura-pura, anu henteu nyaho bae, ceuk Dolf bener kitu, sinyoh Yan ningal rurak-ririk, Salim eukeur di tukang, Dolf celuk-celuk, Salim, Salim gegeroan, Ujang Salim culang-cileung muru gasik, ka sinyoh nu tiluan.

Ceuk sinyoh Pit maneh ngaran Salim, naha geuning nyampeurkeun ka urang, sumuhun Jang Salim walon, ceuk sinyoh ’na geus wawuh, reujeung urang enggeus papanggih, ceuk Salim asa-asa, parantos kapungkur, naha sanes sinyoh tea, nu kapungkur ditulungan ku sim abdi, basa tikunclung tea.

Enya bener ceuk sinyoh Yan jeung Pit, bari pada ngasongkeun leungeunna, ka Salim ngajakan tabe, sinyoh Dolf nya kitu, tatabean nyekel ka Salim, pageuh dioyag-oyag, nu bungah kalangkung, bari ngomong henteu nyana, sinyoh Dolf ka ibu-rama pupulih, nyaturkeun Salim tea.

20