Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor II.pdf/22

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

ngarunday dilugay, tingkiliwir didasian sutra kuning, siga nu rek ngalayang.

Sinyoh Yus Dolf jeung nona Edith, gararandang kabeh geus darangdan, asup. kaluar ka jero, ting jaligrah lumantung, ngadagoan tamu sarumping, kawantu wengi eta, taunan sinyoh Yus, tek dipestakeun kumpulan, sadayana wargi-wargi jaler-istri, ti tuan sareng nyonya.

Ujang Salim oge dangdan ginding, dicalana lepas sutra danas, sabuk babadongna tembong, kameja batis salur, iket solo bendona rapih, rapat niron kajawan, estu Salim segut, kameja jero calana, pantes kewes cukah cikih gudag-gidig, nyadiakeun inuman.

Lamun ningal kapantesan Salim, saha bae anu nyangka bujang, perlente rupana kasep, pantes kewes jeung lucu, teu beda jeung anak peryayi, mun iketna dibuka, paracal-purucul, moal teu nyangka Walanda, siga sinyoh indo teu beda saeutik, pantes bangir irungna.

Geus burubul tamu sararumping, tuan-tuan sareng nyonya-nyonya, nona-nona sinyoh-sinyoh, kenging ngaranggo surup, nyonya-nyonya rokna galibrih, marasang jeung tuanna, barudakna kitu, sukan-sukan susurakan, sobat Dolf garinding marake peci, H.B.S. di Salemba.

Aya anu ngajaringjing peti, peti hitar jeung peti biola, saparabot setrek orkes, tamu rame pahibut, cekcok ewor di tengah bumi, sami ngariung meja, Ujang Salim ribut, cukah-cikih ngaladenan, tingbeletuk muka anggur jeung sempanyi, limun aer walanda.

Kueh-kueh persetik ngabaris, pabalatak dina tengah meja, peti surutu sigaret, sadaya tamu-tamu, suka-suka pameget-istri, marayunan arotan, nu limun nu anggur, gelas rapang ngagarenclang, nu eusina aya beureum aya kuning, rupi-rupi arotan.

Kacarita sinyoh Yan sinyoh Pit, sobat Dolf nu aya di dinya, sadatangna melong bae, ka Salim nu keur ribut, ngaladenan tamu sarumping, lantaran asa-asa, bareto geus tepung, sinyoh Pit tuluy pok nanya, ka adina sugan wawuh geus papanggih, jeung eta jongos anyar.

19