Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor II.pdf/21

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Sinyohna nya kitu deui, apet raket embung pisah, urut ogo sarta bangor, ngaraket ibu-ramana, sanggeus Salim di dinya, ka ibu-rama jadi cul, pindah ka Salim nangkelna.

Tara misah beurang-peuting, sare campur babarengan, satempat tidur di pangkeng, atuh Jang Salim kapaksa, teu ngeusi kamer bujang, dijero satempat tidur, meunang kamer jero imah.

Sakamer ngajadi hiji, kamer gede keur barudak, tempat tidurna ngaberes, tilu notok hiji sewang, Edith, Dolf manehna, satempat reujeung sinyoh Yus, tempat tidur panggedena.

DANGDANGGULA.

Kacarios dina hiji wengi, kaleresan lenglang caang bulan, sorena hade halodo, cahyana bulan hurung, jeug ti beurang caang dumeling barung jeung raang damar, gasolin ngagantung, eusi gedong Mataraman, nyacas cekas nyaangan papaes bumi, bilik tembok nu bodas.

Rapang barang kuna piring beling, rupa-rupa koneng hideung belang, dina tembok nararangkod, aya anu ngariung, diputerkeun pairing-iring, ngurilingan pot kembang, nu ngareuy ngagantung, aya anu hiji nenggang, anggang mencrang pahareup-hareup nyengceling, kenca-katuhu masang.

Tengah-tengah korsina nguriling, ngalingkungan meja marmer herang, herangna munggah ngagenclong, lucu kawuwuh surup, ditumpangan buket ngawingking, kembangna tingarulang, bodas, kayas, biru, dipapantes malar cekas, sulang-seling paselang koneng jeung gading, estu matak kagembang.

Panto payun nu terus ka bumi, muka negla papaes katingal, lomari kacana eces, katingal hurung mancur, ngagarenclang parabot beling, sendok perak balatak, karap peso garpuh, rupi-rupi parabotan, nu eusina wungkul aralus maranis, marakbak tingborelak.

Mun ngajanteng ti luar nu tebih, ningal mandeng ka jero gedongan, nu beres kenging mapaes, eusina kewes surup, nona Edith lir widadari, eusi Sawerga Loka, cahyana gumebyur, rambut

18