diungkab, Jang Salim ngagebeg deui, ningal keretas nyelip, dicokot bari rumanjug, surat anu ti Tarlan, tuluy dibaca sakali, panjang lebar nyaturkeun lampah manehna.
Ti awal nepi wekasan, dibaca diati-ati, nepi ka disangka ajal, Jang Salim sumeblak ati, rambisak bari mikir, pantes atuh lamun kitu, aing disangka ajal, da kieu ungeling tulis, kawuwuhan diakuran surat kabar.
Pang ibu angkat ka Mekah, meureun teu ngarepkeun deui, diri aing masih aya, Jang Salim malaweung mikir, juljol rea kaeling, ras ka Tarlan nu cacatur, Salim nagogna lila, nyanghareupan tromol nyanding, tuluy nangtung toromol geus ditutupan.
Di kamer kukulintingan, duwang-daweung lunjang-linjing, nguriling bari ngilikan, gambar-gambar nu 'na bilik, pigura bangsa santri, gambar Mekah ngagarantung, lapal Balya bin Malka, lapal Muhammad ngagawing, bulat-beulit ngahiji jeung lapal Allah.
Asma sahabat nu opat, Umar Usman sareng Ali, Abubakar kapoatna, dikacaan ngagarawing, Salim ningali deui, dina meja kuran numpuk, ngalayah kitab-kitab, sulam sapinah jeung pakih, kitab majmu munjiat jeung sajabana.
Gek diuk Jang Salim maca, diungkaban hiji-hiji, maca saliwat-saliwat, unina henteu dipikir, tina ati keur eling, cuscos ka dieu-ka ditu, bakuna ka ibuna, anu eukeur munggah haji, rusras nyeblak risi reuwas manggih tiwas.
Salempang sieun teu tepang, sok inggis risi ku bisi, reuwas bisi manggih tiwas, Salim sajeroning mikir, leungeunna henteu cicing, ngopepang mukaan buku, breh deui Salim ningal, surat pikeun ka Batawi, kope tapak tangan tulisan ibuna.
Tuluy ku Salim dibaca, kieu saungeling tulis, Salim! ibu ngirim surat, supaya nyaho wawarti, wireh ti barang indit, Ujang papisah jeung ibu, ibu taya petotna, beurang-peuting ibu eling, turug-turug lilana geus dua bulan.
Ibu henteu meunang kabar, ngan bati sumelang ati, naha ku naon sababna, poma ibu menta warti, sadatang ka Batawi, ngeunah