Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/100

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
98

aria bopatos, mugi lĕdjaring kalbu, sami-sami miwělas asih, ngadjurung ku pandunga, geusaning rahaju, supados sapapaosna, hanteu njorang tjotjobi bajaning diri, mugi laksana maksad.

20.  Sadajana praarja-bopati, ngawalonan ka Ratu Banuja, katur sami dunga bae, gantjangna nu ditjatur, saparantos tamat wawarti, ladjĕng Ratu Banuja, ka sadaja mundjung, tawis amit bade djĕngkar, hanteu lami Maha Raraspedi, ladjĕng nitihan gadjah.

21.  Eta gadjah alur kana djurit, tutunggangan Sang Ratu Banuja, paranti madjěng palugon, ngaranna si Gurundung, djeung gědena teu aja tanding, bangsana gadjah-gadjah, sarta leuwih wĕduk, tara teurak ku pakarang, geus kasĕbut eta gadjah djimat nagri, sarta kasenapatyan.

22.  Anu ngaping Ratu Raraspedi, ĕnja eta Raden Gěndarata, dina sakĕduk ngarendeng, sakĕduk langkung mantjur, murub mubjar pating karĕtip, wantu beunang narapang, mutiara djambrut, mirah djeung ratna tjampaka, turug tihang ĕmas beunang njangling, wantu anggoeun radja.

23.  Nu ngagondeng kuměndang upisir, sapungkurna leknan reudjeung sarsan, ngabaris nu leuwih beres, soldadu nu tipajun, ngaleut ngeungkeuj lir lulut badis, ari Aria Kumba, wantu saksi pupuh, tungang kuda pangheulana, sarta nganggo njikěp tědak senapati, wawakil Sang Ambarak.

24.  Gĕndarata ka Sang Raraspedi, tĕras bae harita undjukan, tapi alon ngaharewos, dina luhur sakěduk, kĕrsa Dalĕm pamugi-mugi, bada marjěm disada, tanggara ngadjurung, kĕrsa Dalĕm sing waspada, tjěpět tingal kana tĕngahing wiati, tjahaja tuduh djalan.

25.  Sang Sri Maha Ratu Raraspedi, walon mangga ka Den Gĕndarata, gantjangna nu ditjarios, geus něpi kana waktu, djěgur marjěm ngadjurung indit, dibarĕngan ku surak, ponggawa soldadu, djeung sagala pahormatan, pelog dĕgung koromong gambreng djeung musik, barangkat ti Ambarak.

26.  Raraspedi barang marjĕm muni, ladjĕng ningal kana djomantara, sarta sidik hanteu geseh, tjahja kuning ngagĕbur, kulon-kaler nu katingali, ajana eta tjahja, tjara bentang kukus, tapi ari ku sadaja, teu katembong jen aja nu rupa kuning, wungkul ku Sang Banuja.

Asmarandana

1.  Geus ka luar ti nagari, njorang djalan pangalasan, ngaleut balad laksa-kĕten, djeung surak ambal-ambalan, dibarung tatabeuhan, buang obat tingdjalĕgur, eundeur anu kaliwatan.